Euleuh-euleuh...

Losna teh kana kagorengan geuning nya? Heuheu...
Bingung atuh ari kieu mah, kudu kumaha nyikepanana...
Enya cenah, loba oknum (loba mah lain oknum deui atuh nya?!) pajabat
UB nu bareuki kana duit, malah cenah geus kawentar kitu. Ari bukti2na
geus ngahunyud mah, stereotipe teh meh nyata bae atuh...

Tapi, masalah beuki duit, pasti losna teh kana sosogokan. Ngeunaan
sosogokan, bangsa urang mah geus kajiret pisan. ti luhur nepi ka
handap, ti ngusurkeun ktp nepi ka daptar calon legislatif, sok bae
kacaritakeun kudu make duit (ceuk Cak Nur tea mah GIZI).
Kuring ngan bati helok bae, ngadengekeun dongeng babaturan nu nyogok
pulisi gara2 katewak teu make seatbelt, mangkaning babaturan teh
dijilbab. Emh, ulah miharep bangsa urang bebas korupsi, mun ditilang
bae masih resep nyogok.
Atawa dongeng ngeunaan kasus manipulasi di DPRD Garut sababaraha taun
ka tukang, nu nepi ka kiwari teu anggeus2. Pajabat MUI Garut nu
ngalaporkeun dugaan manipulasi ieu, Mama Abdul Halim, meureun ukur
bisa istighfar. Ari anggota DPRD-na kumaha? Ah geuning, nu boga status
haji jeung ajengan ge kalah aranteng ngadu gapleh sabalad2 di imahna
ki haji. Kabeneran deuih (cenah), di Kajaksaan Negri Garut teh,
pajabat2na UB, nu geuning tadi geus kasebut bareuki duit. Atuh
mutualisme ari kieu mah. jadi, ulah hariwang, baraya. Di urang mah
moal kabongkar kawas di Padang (leres kitu, hilap deui...) nu anggota
DPRDna dibarerok. Di Garut mah saralamet, nu korup beunghar salamet,
jaksana oge beunghar salamet.
Pek bae, asal inget. Nu nyogok jeung nu disogok teh haram, deuleu!
Sing dilegleg tetelo siah!

Aeh, Kang manAR. Kumaha strategina yeuh supaya birokrasi/kantor2 di
tatar Sunda teu didominasi ku UB teh?

On Wed, 23 Mar 2005 02:45:27 +0000 (GMT), md. friady
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  
> Mufakat kang ! kuring aya dongeng nu lucu sual UB, da memang hejo duitna teh
> mani kacida pisan...


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke