Punten sakedik mairan perkawis Ass-ass-an tea ....

Kahiji, didieu panginten tumerapna kaidah yen amal teh kumaha niat. 
Muhun maksad teh, leres yen nyingket salam teh tos janten kalaziman 
dina komunikasi. Mung, panginten aya oge jalmi anu ngahaja 
manjangkeun nyerat salam ukur hoyong langkung merenah sareng 
diniatkeun ngalap kacaketan sareng Anjeuna (ma'rifat tea panginten). 
Nya mudah2an ditampi ku Anjeuna.

Kadua, khusus kanggo assalamualaykum memang rada sakedik barabe 
kumargi dina Basa Inggris Amerika mah salahsahiji harti denotasi Ass 
teh nyaeta "bagean awak nu dianggo calik" atanapi "bagian pengker 
urang". Konotasina mah langkung awon deui. Janten upami ngiringan 
milis Islam sadunya mah langkung sae teu disingket atanapi disingket 
ku cara sanes nu sadaya ngartos.

Nyanggakeun pamendak sareng samudaya kalepatan sareng kaluputanana,
Yudi 
----------------
> Kalimah shalawat sareng salam, dina komunikasi basa
> tulisan di urang sok diringkes jadi SAW sareng
> Ass.Wr.Wb, di lembur tatangga mah dina komunikasi teu
> formal salam teh sok diringkes ku A'KUM we. Ku urang
> buke SAW sok diringkes PBUH (Peace Be Upen Him).





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke