Euleuh geuningan...sok pendak oge sareng urang BC? edunnya urusan sareng urang BC mah? sutres...sareng mindeng ambek kapegung tea.. da pikanapsueun wungkul urusan sareng BC mah..
didieu oge, unggal nguruskeun dokumen pasti ditaroskeun heula mana uang bulanan kalian kitu cenah.. teu urang mana urang manana...pasti sami kitu mung teu acan mendakan Urang Sunda kangge BC didieumah... tapi tah kamarimah kaleresan nuju ka Karimun.. geuningan aya pendak sareng pak Erwan urang Metro ( Margahayu ) anjeuna dinasna di KANWIL II BC TB. Karimun.. beu mani kalem..sareng heureuy wae... mani katingal betaheun pisan eta anu bade di audit ku anjeuna... dina hate teh.. hanjakal naha lain uing anu di audit ku pak Erwan... heuheuheuheu... DEPKEU pasti wae gudang duit... Baktosna, ... * tatanggi saprak damel di Pajak..edun ayeuna bumina ageung.. jadi luas weee.... -----Original Message----- From: Waluya, Dani R [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, March 23, 2005 2:52 PM To: [email protected]; urangsunda; gankleboy; barayasunda; us-di-us Subject: [Urang Sunda] RE: [kisunda] Re: Wani teu ? US noong Orang Atceh Asalamualikum wr.wb. perkawis UB sim kuring aya pangalaman nuju nguruskeun dokumentasi ka Bea Cukai, nu di instansi eta nu katalian ngurus dokumen teh si UB tea, ceuk si UB teh nyarios bari ngagorowok ka saruangan, mana pulus mu ?, ari ceuk sim kuring teh di pausahaan abdi mah teu biasa sosogok ku artos, upami bentuk na voucher atanapi produk nembe tiasa, ari si UB teh masih keneh poporongos sareng popolotot nyuhunkeun artos, nya sim kuring teh mulang ka kantor bari jeung nihil teu bebenangan ttd sareng cap BC, teras sim kuring teh ngalaporkan kajantenan ka kantor pusat, ari enjingna teh nyarios, " ah kau gitu aja lapor ke pusat ???, ari ceuk abdi teh heuheuyyy deuh dinu hate, ari kamari poporongos jiga jurig, ari ayeuna aya kusieun jabatan di copot, tah para wargi ari ceuk kuring mah ka urang batak teh ulah eleh ku "GOS-na", ari di lawan mah geningan aya kasieun oge tah.... * Baraya, tapi teu sayadana UB teh bajingan, aya oge rerencangan UB (Batak Sunda), ari wasta mah pikasieuneun TIGOR NAMORA, ari hate-na selembut salju alias bageur,.... cag ah, wassalam wr.wb, Dani waluya ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

