Balad sa-KUSNET –
Dina KOMPAS kamari aya artikel ngeunaan SMP Alternatif (alah hilap deui namina??).
Tah iyeu SMP ngadopsi sistem SMP terbuka, nu dibentuk – dilereskeun ku komunitas di Salatiga,
Kepala sakola-na Ketua RT, guru2na sukarelawan2…didinya.
Sanaos ngan ku 2 ruangan kelas plus “infaq” ngan 10,000 sasasih ti murid...iyeu SMP janten salah sahiji SMP nu punjul di Salatiga
teu eleh ku SMP favorit nu “normal”…
Tina kurikulum…teu patos benten sareng SMP “normal”, nu ngabentenkeun nyaeta teu aya paksaan ti Guru2-na….
Seuseurna pelajaran teh diayakeun langsung kana praktek-na…
Misalna;
dina ngajarkeun ku pentingna gizi (guru-na dokter puskesmas), langsung dipraktekeun masak kanggo sarapan murid
(catetan: murid sakola iyeu kenging sarapan + makan siang gratis ti sakola…nu disayogikeun ku tk. Bubur di sakola)
aya morning English kanggo mraktekeun basa inggris
24 jam internet akses
Hiji deui nu nyaeta murid-murid ku betah2na sakola, dugikeun ka ngendong di kelas…!
Tiasa panginten iyeu sakola dianggo conto, mun balad KUSNEt bade manjangkeun “sayang buku” tea.
Abdi percanten lah donaturna mah tiasa udunan…
Baktos,
Dhani-
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

