Ngiring reueus waSas kana "der" barangjieun. Kumaha
atuh pami pamendak WaSas salami sataun diserat janten
artikel?
baktos
JP
--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> SATAUN MUKA "RUMAH BACA BUKU SUNDA"
>
>
> Diitung-itung nepi ka bulan Pebruari 2005 geuning
> geus sataun muka Rumah
> Baca Buku Sunda teh, umur sataun lamun dina umur
> budak mah kakara rek
> lelengkah halu, kakara rek diajar leumpang.
> Tapi ari keur hiji pabukon mah sigana geus kaitung
> lila, saheunteuna kudu
> geus bisa dicokot datana pikeun bahan evaluasi atawa
> bahan pikeun nitenan nu
> maca jeung anu dibacana.
> Jero sataun teh nu datang ngahaja boh rek maca
> didinya boh rek nginjeum
> dijumlah jamleh teh aya 41 urang, boh kolot boh
> budak boh awewe boh lalaki,
> jumlah buku anu dibaca/ diinjeum aya 112 buku,
> lilana nginjeum nu
> pangsakeudeungna ngan ukur dua poe anu panglilana
> tilu minggu, malah kungsi
> aya nu nepi ka sabulan leuwih.
> Buku anu diinjeum panglobana nyaeta buku Carita/
> Novel jeung buku kumpulan
> Carita Pondok, terus kana wawacan.
> Nu nginjeum lolobana sabudeureun imah bae, bisa
> disebutkeun lingkungan
> sa-RW, aya eta ge anu datang ti lembur sejen ( lain
> RW) tapi teu loba.
> Lamun nitenan nu nganjang ngan ukur 41 urang,
> rarasaan mah asa saeutik
> pisan, asa jauh tina sawangan, tadina boga harepan
> nu nganjang naha nu ngan
> sakadar rek maca atawa nu rek nginjeum buku bakal
> leuwih loba, tapi geuning
> ngan sakitu buktina.
>
> Sok mindeng kadenge atawa maca yen neangan buku
> Sunda teh kaitung hese, nya
> kuayana eta anggapan pisan pangna kuring lahlahan
> muka Rumah Baca Buku Sunda
> teh, maksudna mah leuleutikan mere nyaho ka balarea
> yen buku Sunda teh aya
> keneh, bisi rek maca mah yap daratang kadieu, bisi
> rek maca mangga, bisi rek
> nginjeum mangga, teu kudu mayar.
> Puguh ge asa patojaiah ceuk cenah neangan buku Sunda
> teh hese, ari geus
> disampakeun geuning nu maca teh teu pati loba, duka
> teuing boa nu jadi
> alesan teh pedah Rumah Baca Buku Sunda ayana di
> pasisian jauh ngajugjugna
> atawa memang nu resep maca buku Sunda geus
> ngurangan.
> Bisi enya nu resep maca buku Sunda teh geus
> ngurangan tangtu kudu aya
> tarekah sangkan ngajaul deui, sangkan nu resep maca
> buku Sunda ngalobaan
> deui, ieu tarekah teh teu kudu dipadungdengkeun dina
> gempungan anu rohaka
> teu kudu disawalakeun sagala, tinggal der ngalobaan
> Rumah Baca Buku Sunda.
> Upamana di unggal bumina para inohong Sunda, di
> bumina para pangarang Sunda,
> dibumina para budayawan Sunda, dibumina para
> politisi Sunda der ngadegkeun
> Rumah Baca Buku Sunda, pira ge tinggal nyieun plang
> nu unina Rumah Baca Buku
> Sunda jeung nyadiakeun rohangan saeutik keur nyimpen
> buku bukuna, risikona
> mah da teu aya pira ge bumi teh bakal kagiridig ku
> balarea, jamak we sakitu
> mah, atuh bukuna teu kudu loba sapuluh dua puluh ge
> cukup.
> Ngasongkeun ieu tarekah teh bane we teu kudu make
> waragad anu gede, da
> tangtu para inohong Sunda, para pangarang Sunda,
> para budayawan Sunda, para
> politisi Sunda teh ari buku Sunda mah geus boga
> tinggal derna jeung kudu
> jembar manah.
>
> WANDA BUKU SUNDA
> NU MACA/ NGINJEUM DINA SATAUN
> %
> Novel
> 30
> 27%
> Kumpulan Carpon
> 18
> 16%
> Sajak
> 9
> 8%
> Wawacan
> 16
> 14%
> Pantun
> 0
> 0%
> Majalah (Mangle, Cupumanik, Gondewa, Parahyangan,
> Sunda) *)
> 8
> 7%
> Sajarah
> 4
> 4%
> Musik/Tembang
> 5
> 4%
> Bacaeun Barudak
> 12
> 11%
> Inohong (biografi)
> 0
> 0%
> Referensi (Ensiklopedi Sunda, Kamus)
> 4
> 4%
> Pelajaran basa/sastra
> 6
> 5%
> JUMLAH
> 112
> 100%
> *) Salian ti Mangle jeung Cupumanik nu sejena
> majalah heubeul
>
>
>
> Taun ieu hayang rada diundakeun, maksud teh nu rek
> diagulkeun lain bae buku
> basa Sunda tapi buku sejena, basa Indonesia jeung
> basa sejenna tangtuna ge
> nu aya pakuat pakait jeung Sunda.
> Ceuk hiji panalungtikan nu dilaksanakeun ku koran
> nasional nu dimuat dina
> bulan pebruari 2005, nyebutkeun yen buku
> fiksi/novel, sastra panglobana nu
> maca nepi ka 21,1% , buku agama 13,6% jste, ari buku
> basa daerah mah teu
> disebut-sebut.
> Dumasar kana eta sigana keur nambah panarik rek
> nyobaan nyadiakeun buku buku
> novel basa Indonesia nu kawentar mangsa kiwari,
> sugan bari milihan buku basa
> Indonesia maenya teu direret mah buku basa Sunda-na.
> Aya gerentes dina hate boa boa enya basa Sunda teh
> keur muguran.
>
>
> MSasmita
> Rumah Baca Buku Sunda
> Perumahan Margawangi
> Jl Margawangi VII No.5
> Margacinta Bandung
> Tlp 022-7511914
> Email : [EMAIL PROTECTED]
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/