Urang cina enya emang alus ari migawe nanaon kudu wae serieus. Deuk tukang obat, tukang emih,nepi ka tukang baramaen.. tetep serieus. Dosen kuring arana joe lian minh (ceuk mahasiswa mah dolimin ngalandih na teh...), enya alus ngajarna teh, bubuhan kuliahna ge maneh na meunang beasiswa ka jepang. Pendekatan teorina alus. Ari nga-analogikeun teu jauh tina kahirupan tur sundana alus, da cina tasik urang rajapolah.
 
Pasien kuring oge loba cina. Najan ari ka klinik teh sok pada ngarengkog da lafadz allah tur ayat2 allah loba naplok dina tembok. Tapi, tetep mercayakeun budakna pikeun ditambaan. Cina mah teu pandang agama atawa sara, mun nguntungkeun keur manehna der wae bisnis. Teu ningali agama naon asal bisa cageur, mun dokterna alus didatangan. Ka sasama cina, oge aya prinsip nu alus, mun keur nanjung pada kumpetisi paheula-heula nanjeur, tapi mun babaturana keur walurat bantuan heula eta mah deuk dibere pagawean, injeuman modal atawa naon bae... ke geus hasil, dor dar deui saingan. Teu cara urang ujug-ujug maen puruluk (kaciri US mah teu pede na teh.....).
 
Urusan dagang tara make diskon da lolobana haregana geus murah, manehna ukur ngudag kauntungan tina kuantitas. Tingali we motor cina marurah asal loba kajual pasti untung loba ceunah. Mun dipenta diskon teh paribasana "kajeun sayah neraktir didinya tina loket sorangan daripada motong harega nu geus pas...", mun dipenta bonus paribasa ".. bonus mah mun didinya digawe dibere bonus, mun meuli mah teu digawe " kituh....
 
Dina agama mun cina asup islam, sok bener2.. sholat lima waktu tara elat. Kuring ge eleh ku paman kuring.. (enya emang teh cina urang bogor.. alhamdulillah asup islam saprak ngarangkep ka bibi kuring). Anto medan ge urang cina pan ?

Tapi orokaya (...aya orok dikakaya...), urang cina mah ari ngagawekeun jelema alabatan gawe rodi. Bulan kamari ka Ciamis ditelepun kunu boga toko FO , hayang pagawena dipsikotes keur recruitment. Edas we ari ditanya2 ka pagawe, eta gawe ti jam 7 nepi ka jam 9 peuting teu make shift. Jaba gaji leutik ari gawe teu eureun2. Ceunah ari gawe jeung cina mah, urang teh kudu jadi SUPERMEN, najan gaji cukup keur SUPERMIE.
 
salam
MDY

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Urang Cina? hehehehe dimana-mana eta mah aya. Di lembur kuring, di
Cimalaka aya toko bogana Babah Ceng Bie. Tokona teh komplit pisan.
Ari di kota Sumedang mah puguh deui. Tahu


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke