--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang MH teraskeun eta hanca gawe teh sing dugi ka
> jucung, sugan we siloka Babad Alas Amer teh dugi 
> ngajadi subur mamur ( eta data ku sim kuring bade
> dianggo, neda widi..!)

Hatur nuhun kana pangrojongna. Mudah-mudahan wae ieu
garapan aya mangpaatna. Upama bae nagri Kusnet jeung
KiSunda jeung nagri maya sejenna bisa langgeng jadi
media komunikasi alternatif anu bisa ngahubungkeun US
saalam dunya, jigana eta garapan teh lain pagawean anu
mustahil dilakonan. 

> Pangna kuring nyutat hasil penelitian Kimman teh
> ngan sakadar keur babandingan geuning buku basa 
> daerah mah teu kasebut-sebut padahal ceuk beja
> Mangle harita (taun 80an) terbit nepi ka 50.000
> eksemplar sakali terbitna, hartina nu macana kaitung

> loba dibandingkeun jeung tiras majalah sastra
> Indonesia harita nu ngan terbit 5.000 eksemplar,
> sedengkeun dina taun 80an majalah basa Sunda nu 
> terbit teh lain ngan ukur Mangle. Antara taun
60-70an 
> majalah basa Sunda we aya sababaraha hiji antarana 
> Sari, Langensari, Mangle, Gondewa, Hanjuang atuh nu
> mangrupa tabloid aya Kujang, Sipatahunan jste.
> Keur babandingan deui bae, mangsa kiwari aya Mangle,
> Cupumanik, Sunda Midang, Salaka atuh tabloidna aya 
> Galura, Kujang jeung Giwangkara sedengkeun nu terbit

> mangrupa buku dina taun 2004 aya sabaraha judul mun 
> teu salah mah aya 13 judul.

Jiga aya "benang merah", kunaon data di luhur, anu
bisa disebut cukup signifikan, tapi teu kasebut-sebut.
Beja lain perkara naskah Wangsakerta, kunaon aya
tulisan nu ngebrehkeun sajarah Sunda, tapi teu pada
nganggap. Beja sejen ti Kang Oman, majar aya
paninggalan sajarah nu dilabelan sarta aya indikasi
nyamarkeun gender tokoh sajarah. Beja lainna deui dina
pasamoan Hotel santika, kunaon mang Ayat nepi ka
ngomentaran majar aya batur nu teu resep upama ngaguar
sajaran Sunda.

Dina hiji kasempetan, kulantaran baheula kuring resep
lalajo wayang, nya nyoba-nyoba ngulayaban perkara
wayang di jagat maya. Aya tetempoan kuring nu rada
helok, upama manggih bahasan sajarah wayang tulisan
batur, palebah ngabahas wayang golek, teuing ngahaja
teuing kumaha, can manggih anu ngaitkeun yen wayang
golek popiler di Tatar Sunda. Bahasan perkara wayang
golek, sok dikaitkeun jeung wayang ditatar wetan anu
make carita wanda anyar, jaman Islam.

Palebah dieu, jigana memang teu pantes deui urang
Sunda mihapekeun maneh perkara urusan budaya ka batur.
Geus meujeuhna upama US sorangan nu kudu boga kahayang
ngeunaan jiga kumaha dedeg pangadeg US nu dipikayang
teh. Nepi ka danget ieu, upama neangan bahasan wayang
misalna, nu kapanggih teh bule deui, bule deui.
Padahal eta pagawean teh lain pagawean nu hese, da
bisa digawekeun ku US sorangan. 

Salam,
MH


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke