|
Wilujeng
Sumping di Kusnet ( Komunitas Urang Sunda di Internet ), hatur nuhun tos kersa
ulubiung ngawarung bandung, kanggo salajengna mah langsung we kintun ka [email protected] Insya
Alloh basa Sunda tetep nanjung, taun 1950an MA Salmun kantos nyarios “…Boa boa
taun 2000 mah basa Sunda teh geus leungit…”, tapi geuning ayeuna aya keneh, nu
nerbitkeun buku basa Sunda aya keneh, nu lalajo Persib gorowokna, ngajejelehna,
heureuyna tetep keneh nganggo basa Sunda. Kahariwang
mah ketah kedah aya, mung ulah saukur hariwang wungkul kedah bari prak
ngungkulanana, sahenteuna di kulawarga mah kedah tetep nganggo basa Sunda. MSasmita Kuncen # 2 -----Original
Message----- Rampes... haturnuhun nu
kaseja ku lantaran ditampina sim kuring ku ieu porum Wasta sim
kuring Yodi, asli urang Garut ayeuna nuju ngalap elmu di salah sahiji paguron
luhur Bandung, kuring ngrasa reueus pisan ku ayana porum ieu teh, mudah-mudah
tiasa nanjerkeun deui budaya Sunda anu cenah geus dekeut-deukeut kana jurang
kaancuran da cenah urang Sunda na oge geus teu nyahoeun deui kana budaya
karuhuna, malah mandar aya nu ngaramal yen salah sahiji basa anu bakal
tumpur ta nyeta basa Sunda, ah mudah-mudahan eta panyangka teh moal
kajadian. sakali deui
hatur nuhun nu kasuhun,,,, Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

