Haturan Kang Usman, Kang Rachmat, Kang MH, kum sadayana bae,
 
Satemenna, naon rupi usaha pikeun ngamumule basa Sunda samodel seminar sareng sajabana, heunteu carang teuing dilaksanakeun ku sadayana US (Urang Sunda) di Tatar Sunda (TS). Malihan mah, US kawilang hiji seler anu mayeng ngayakeun padungdengan ngeunaan tarekah sangkan basa Sunda tetep digunakeun ku US salaku salah sahiji ciri penting budaya selerna. Upamana bae, Kongres Basa Sunda danget ieu tos 7 kali dilaksanakeun kalawan rencana anu ka-8 bade dilaksanakeun taun ieu di Subang, TS.
 
Anu jadi kamelang teh sigana eta, entragan ngora US tos katangen rada kirang anu biasa migunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoe. Pon kitu deui, di pangumbaraan antara papada US kawilang mindeng haroream migunakeun basa Sunda. Tapi, kitu oge heunteu sadayana.
 
Sok sanajan kitu, pamugi bae usulan sarupi anu didugikeun ku Kang Rachmat bisa kalaksanakeun. Teu aya lian, pikeun nguatkeun salah sahiji ciri budaya US masih aya dikieuna. Ku cara kitu, mudah-mudahan kapayun naon rupa anu kaalaman ku Kang Usman, anu sok kasigeug (Bs. Indonesia: tersinggung) ku sabab aya anu migunakeun basa Sunda teu pas (basa Sunda loma?), bisa leuwih ngurangan.
 
Baktos,
manAR 

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sae pisan ieu usul teh. Sim kuring oge ngiring
ngarojong upami kusnet Bandung atanapi Jakarta,
ngayakeun pagempungan perkawis ieu. Tos waktosna
Kusnet ngayakeun sawala anu daria. Nu kaimpleng ku sim
kuring salah sawios anu biantara diantawisna Pak Arief
Rahman, kapala sakola Lab School Jakarta. anjeunna teh
upami teu lepat mah kalahiran Indramayu, ayeuna
nyepeng Direktur UNESCO di Indonesia. UNESCO teh salah
sahiji lembaga anu ngampanyeukeun supados masyarakat
mulasara kamampuan "intangible". Sapertos kamampuan
berbahasa, sastra sareng budaya daerah.

baktosna,


mrachmatrawyani

--- usman soleh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Asalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh,
>  Kumargi dina jaman ayeunamah geuning seueur anu
> ngaku-ngaku urang sunda malihanmah sok nganggo
> bahasa linuhung urang, nanging teu pas dina bahasana
> janteun didangukeunnana meni asa teu pararuguh
> malihanmah pribadosmah tersinggung upami aya nu
> nganggo bhs sunda teu pas teh  raraosan teh asa di
> lelewean kumargi kitu pribados ngarep2 kisunda,
> atanapi urang sunda anu sanesna tiasa ngayakeun
> mangrupi seminar supados budaya sunda teh kajagi
> tinu sagala rupi pangaruh.
> hatur nuhun pisan,


>
>            
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Make Yahoo! your home page  
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>


           
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke