Poe ieu rebun-rebun keneh geus torojol sms ti Neng Elly (salah saurang wanoja US anu Dr, ahli pendidikan lingkungan tea) anu nuju janten relawan pikeun korban musibah lini jeung tsunami Aceh. Danget ieu anjeunna nuju di lokasi Medan, Sumut.
Eusi sms-na teh hariweusweus ngiberan yen tadi peuting di Medan aya kajadian lini kawilang badag, nepi ka 8,5 skala Richter lilana 5 menitan, kalawan puseur linina 240 km kuloneun Medan. Lah, geuing badag, cekeng teh, jeung deui siga anu ngised ti Aceh ka kidul, alias ka wewengkon Sumutna pisan, boa-boa..... Enya rada melang. Ngawanti-wanti sing carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket ka Neng Elly nu nuju aya di wewengkon lini. Bisi bae, kajadian sakumaha di Aceh. Sok sanajan ari Medan mah rada anggang ti basisir, moal keuna ari ku tsunami mah, sugan. Tapi, kangaranan bancangpakewuh, sok aya bae heabna. Ari pangdu'a mah muga- muga bae teu kajadian deui bancangpakewuh siga di Aceh, dimana bae di wewengkon Indonesia jeung sakuliah dunya (tapi ieu teh pamohalan da ari musibah mah geus bagean manusa, ngan teuing iraha, dimana jeung saha anu ngarandapanana). Na asa mindeng-mindeng teuing kajadian musibah alam di urang nya? Moal kitu ieu teh perbawa pamimpin anu heunteu engeuh ka "womg cilik". Meureun akibat pamimpin jeung anu jaregud leuwih engeuhna ka kaum "elit" bae tinimbang ka kaum alit, bari kituna teh kuat ka parasea, boh parasea rerencepan atawa terang-terangan siga di DPR tea. baktos, manAR --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kusabab geus aya pangalaman gempa jeung tsunami di > Aceh, supaya ngareugreugkeun rayat Indonesia umumnya, > khususnya anu katalangsara ku ayana gempa, ari ceuk > kuring mah kuduna mah Presiden SBY jeung jajaranana > anu "terkait" gancang ngayakeun bewara di televisi, > milu bela sungkawa, umajak ka sakabeh rahayat > Indonesia ngadoa jeung ngabantuan anu katalangsara. > Pamingpin siga kitu anu bisa "maca pikiran rahayatna". > > Atuh ka PDIP anu keur kongres, eureun heula > "garelutna", pek sawalakeun kumaha narekahan bencana > ieu. Nu kitu ngaranna partey nu bisa neuleuman > katunggaraan "wong cilik". Pasti kacatet ku mangsi > emas dina sajarah. > > > mrachmatrawyani > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Sports - Sign up for Fantasy Baseball. > http://baseball.fantasysports.yahoo.com/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

