|
hatur nuhun kang akos...
mung abdi mah malah nuju ngantosan di PHK, sigana
sanes abdi wae ketang,
ampir sadayana karyawan permanen nuju ngarantosan
di PHK oge,
kamari perusahaan tos ngaluarkeun surat edaran
tentang Resign secara sukarela,
hanjakal etanganana mung 1n + uang jasa, janten
mung 10 jalmi anu nyandakna,
eta oge seuseueurna ibu2 anu memang tos rencana
bade resign... padahal targetna 100 jalmi..
keun we lahhh... abdi mah ngantosan dugi kamana ieu
pabrik teh...
Panzi
----- Original Message -----
Kang Panzi, punten nambihan
sakedik sugan aya mangfaatna,
> da basa jepri nu lami mah teu
kieu2 teuing, masih > aya rasa kekeluargaan sareng
kebersamaanana, > ayeuna mah jauhhhh pisannn... seueur pisan >
kawijakan2 anu tadina nguntungkeun karyawan > dihapus...
Geus aya
mangpuluhan taunna Sumitomo Global Corporation kawilang salah sahiji
konglomerat Jepang panggedena. Mung nyaeta, teu jauh siga
nagarana, sabaraha taun katukang teh gedena Sumitomo Group teh gede
kawas balon "Bubble Economic". Lamun ditingal atawa dirampa karasa gedena,
mung upami dipaluruh kana eusina geuning hampa. Bank Sumitomo oge anu
ngabeayaan proyek-proyek anyar Sumitomo Group harita meh unggal taun
rugi bae. Pangaruhna gede pisan kana new product investment di Sumitomo
Group sanesna. Pertumbuhan grup pausahaan siga boyot, lamun teu hoyong
disebat eureun mah. Kukituna top management sumitomo
corporation mutuskeun sabaraha siki anak pausahaan na kawas
Bank Sumitomo, Sumitomo Insurance jrd merger jeung Mitsui Group.
Meureun eta kasang tukangna Kang, matakna di Sumitomo Group sabaraha
taun katukang seueur gentos policy. Nyaeta meureun paur kabeh
katurut-turut rugi. Wayahna bae sing sabar Kang, sugan lamun urangna ikhlas
mah meunang pahala digawe teh...heu heu Uing siga mapatahan gelut ka
Tyson bae nya..?
> beu... naha abdi jadi carita panjang kieu
nya... > ari kang akos kalebet "jepri" sanes....???
hehehe...
Abdi mah sanes "jepri" Kang, mung "sunpri"
Sunda Pribumi...
baktos akos
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|