Leres pisan mang. pernah baheula sim uing bade mudik (mulang ke udik, acan acan geus nyampur nyampur basa nya) ka kampung (pastina!), kabeneran ti bogor susah beus nu langsung ka Sumedang teh, komo mun inditna rada beurang. Nya kapaksa we naek nu ka Leuwi Panjang. ti dinya naek angkot nu ka Cicaheum, dina angkot sim uing teh nyenghel we sapanjang jalan, eta tah ngadenge dua wanoja uplek ngobrol make basa indonesia (logat sunda) campur jeung sunda. nyenghel soteh lain sanes niat nyengseurikeun eta dua wanoja, tapi inget pangalaman basa keur meuli sendal (mun teu salah di Toko Alpina Sumedang) sim uing poho yen keur di sumedang, nya ngomong teh mamalayuan weh... inget-inget geus diluar disengseurikeun ku babaturan pokna teh abong-abong ngumbara deukeut batawi, ceunah.
*Komo di Bogor susah neangan budak ngora nu make basa sunda
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
meuli buku Mikihiro Moriyama ti Ultimus,nu eusina ngeunaan basa Sunda.
enya, sihoreng basa urang teh keur jaman walanda, ngan diparake ku US nu
caricing di gunung, lembur singkur loba cikur. walanda nu harita ngaku yen
aya Basa Sunda (BS) nu diparake ku US di gunung. basa jawa gunung malah
harita teh disarebutna, samemeh ditalungtik deui yen BS teh basa nu
mandiri oge, sarua jeung basa jawa. lain basa dialek jawa atawa basa jawa
wewengkon, tapi estuning basa mandiri.
nya meureun da harita di kabupaten mah geus reuteum jeung usum marake basa
jawa tea. da TS aya dikakawasan Mataram.
ayeuna semu balik deui ka harita. di kota bandung nu ayeuna cap runtah
bari pakepuk da wek boga hajat KAA tea, basa jakarta atawa nasional rada
payu diparake. sanajan campur jeung aya nu sapopoena marake dua basa,
sunda jeung indonesia. mun baheula mah meureun basa jawa, ayeuna basa
indonesia/nasional. tapi nganjang ke lambur sisi gunung, angger, marake
basa sunda.
nu jadi semu keuheul teh, ku noon eta carita, inohong US mah, nu jaradi
pajabat, sigana enyaan, mun geus jadi pajabat teh, jadi Merah Putih tea
ceuk istilah militer mah. sanajan ayeuna kahayang disbudpar make basa
sunda. hade tah. mun salah denda sarebu tea.
aya budak ngora, wedalan medan, tapi kolotna mah sunda. adhitya mulya,
alumni sipil itb angk. 1996, nu nyieun novel Jomblo jeung nu kadua, Gege
Mencari Cinta. si eta mah, dina novelna teh nyundakeun basa nasional,
atawa make basa nasional cap bandung. unggal aya hurup hirup di tukangna,
sok make h. siga sayah, kamuh, begituh.
hehe. ngahaja cenah, sangkan bau-bau sunda. ciri basa sunda salian ti euy,
oge h di tungtung nu asup ka basa nasional. sayah. mun bapak, kakak, k
ditungtung sigana pangaruh di jawa, bari jeung tara dibaraca. bapak,
dibaca bapa. tapi ari saya, dibaca sayah. nya sakalian we make h di situh,
kamuh, begituh, semuah.
mj
http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Dudi Herlianto
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

