Aeh...nu boga lalakon anu mana tea dina eta sekuel "Bumi Manusia" (BM, asana teu make "dan") anu kacaritakeun kitu teh, Kang Dede? Hampura bae kulan, maca buku eta karangan mas Pram anu mashur teh geus rada lila kaliwat, kitu oge bari susulumputan, ma'lum harita teh mangsa eta runtuyan buku dihulag macana ku nu ngawasa pamarentahan.
Anu kamafhum ku sorangan tina naon anu jadi jejer lalakon carita BM malah sabalikna, taya lian kakurangan seler jawa, khususna lebah feodalisme jeung unsur porno atawa kacondongan kana ngumbar hedonisme (kasenangan, sexualitas, jrrd) raja-raja seler jawa. Inget bae, harita aya anu ngagambarkeun, dumasar eta buku, yen pamarentahan model seler jawa teh, harita jaman anu dipake kasangtukang ku Pram, disimbolkeun salaku pamarentahan-puntenp-sirit sapi. Ieu nyutat tina cameti anu dipake ku raja-raja di ditu harita, anu dijieunna tina eta larangan sato sapi. Wallohu'alam. Ngan ceuk cenah, diantaran nya ieu, anu matak eta buku dihulag dibaca, harita, jaman orba tea. Sigana HMS teh kasindiran ku eta sekuel BM. Anapon, upama enya Nyai Ontosoroh (ieu kitu anu dimaksud wanoja Sunda dina BM teh? punten upami lepat nyeratna), eta mah cara "bertahan hidup" dina kaayaan anu katiderasa bae, rarasaan mah. Duka teuing ketang, sigana kudu dibaca deui bukuna. baktos, manAR --- In [email protected], Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > balik ka setting taun 1900- dina "Bumi dan Manusia" Bapak Pram, urang Sunda anu jadi "Ungkluk" pang mahalna dibandingkeun jeung "ungkluk" lain sadunya...euleuh sadunya? eh sa Asia we ketang da di bandingkeun jeung "ungkluk" Tionghoa jeung Jepang. > Duka bagja duka sedih.....Geuning geus ti baheula, bakal kumaha kahareupna upami kieu generasi urang? > > Jalak > Anu keur ngilo karangan Pramudya > > paradijs van java <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ke..ke..ke.. > naha kalimah teh asa pesimistis kitu....?? > > kieu panginten kedahna mah...: > > Dina buku sajarah terbitan taun 2300, aya hiji kalimah anu kecapna kieu: " kacaturkeun ...... di alam dunya dugi ka ayeuna di wewengkon anu kiwari disebut Jawa Barat, sekeseler <suku> anu ngaranna SUNDA, dugi ka kiwari jadi hiji-hijina suku anu masih keneh terus nanjeur, alatan anggota masarakatna mulsara pisan warisan budayana. > > > > http://jatigede.bravehost.com/ > > > --------------------------------- > Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

