ngomong2 ttg siliwangi ,abdi janteun emut sepuh kapungkur mani bangga 
ku eta pasukan teh .

dipikasieun ku batur , dihormat ku salarea .
pas jaman PKI , divisi siliwangi oge nu pang wani na ngalawan PKI 
( divisi diponegoro , jawa tengah mah, malah aya nu kaasupan )

ceunah mah kapungkur na oge, divisi siliwangi teh, sabagian na di 
eusian ku tentara bekas laskar2 islam nu ngalawan walanda.

pokok na, mah pasukan siliwangi kapungkur teh, nu panghebat na, nu 
pangsoleh na , jadi kebanggaan urang sunda.

mun aya tugas ka luar negeri oge, nu dikirim na ti siliwangi

tapi naha bet, ka belah jaman ayeuna, divisi siliwangi teh, mulai 
memudar. geus jarang deui urang sunda nu jadi pimpinan di dinya, 
tentara na urang jawa wungkul.

di divisi siliwangi, tos teu aya deui warna sunda na, 
mun ameung ka kompleks tentara boh di cimahi, batujajar, cicalengka 
sampai ka cikajang garut, urang jawa wungkul eusina, jarang urang 
sunda mah.

ka inget masalah tuang toong etnis nu sanes, di milis ieu, kajadian 
di divisi siliwangi ieu, salah sahiji pelajaran kanggo urang sadaya, 
kumaha yen urang sunda teh , sakeudik keudik tos tergusur.

di tentara kagusur ku urang jawa, 
di pemerintahan & angkutan kagusur ku urang batak
di bisnis/pasar kagusur ku urang cina
di masjid di eusian ku urang padang

sakedeung deui jalan tol cipularang jadi, bandung jakarta ngahiji, 
wah tambah parah deui tah ka ayaan urang sunda di tanah priangan teh !

jiga na dina cariosan tuang toong etnis sanes di milis ieu, keudah 
didameul kesimpulan oge tah ? , kudu kumaha urang sunda nyangharepan 
nana ? di na dunia anu teras berubah, 

atawa rek make falsafah kabayan wae ?
"TEU NANAON KU NANAON"

salam baktos

Wardi

--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mun teu salah mah Sriyanto teh masih aya pakuat-kaitna
> jeung "kasus tanjung Priok". aya hiji beja di hiji
> media, sakali waktu, tina tonggong sriyanto ragrag
> keris leutik. terus ditalek ku para wartawan, jang
> naon eta keris teh. Siga anu rada eraeun, manehna teh
> nembalan, tong loba omong, maraneh mah teu nyaho
> naon-naon soal nu kieu.
> atuh isuk jaganing pageto mah engke tina tonggong
> Sriyanto pasti kaluar Kujang Siliwangi,pan tos
> diajar/guguru ka Siliwangi.
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > enya, geus rada lila, pangdam siliwangi nu asalna
> > juragan mayor jenderal
> > iwan ridwan sulanjana diganti ku Sriyanto. urut
> > danjen kopassus, komando
> > pasukan susah terus. gan iwan ditarik mabad.
> > 
> > dina PR kamari2, Sriyanto netelakeun yen manehna rek
> > diajar ka Siliwangi,
> > malah rek diajar basa Sunda sagala. kudu atuh
> > jenderal. hirup di bandung
> > teu bisa basa sunda, cilaka tujuh belas delapan
> > empat lima. malah manehna
> > rek diajar sikep (filosofi) siliwangi, nu
> > diantarana, nu jauh deukeutkeun,
> > geus deukeut layetkeun, geus layeut silih wangikeun.
> > 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke