Leres pisan eta seratan saderek anu ti Mataram teh, anu janten masalah, kantun diurangna,
kumaha kersa henteu..??,  diperhatoskeunana di ieu milis oge, upami padungdengan mah geuning sok rame, naaaaa..... ari trong kohkol pangajak "gotong-royong" mah ...geuning anu sarumping teh tiasa dietang ku rema.
Janten kamarana atuh jiwa "sabilulungan"nana...??, naha tos luntur ku usum....???
atanapi tos laas ku jaman....???
Kumaha jalanna, kumaha tarekahna sangkan eta jiwa "sabilulungan" hirup deui, ngagedur deui dina dada jeung jiwa ki Sunda.....
Mangga para akhli sareng inohong, disuhunkeun luntur galihna kersa mirunan seuneu "sabilulungan", supados ngagedur deui dina dada sareng jiwa seuweu siwi Siliwangi.....
 
 
Pihatur
ssw 
 
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya gerentes hate baraya urang, cenah mah manehna
urang "wetan", pendapatna ngeunaan Basa Sunda.
Gerentes manehna di muat di PR dina kolom "Pikiran
Pembaca". Jigana panitenan manehna merenah pikeun
dilenyepan. Mangga geura titenan.

Salam,
MH
===========
PR. SURAT PEMBACA. Minggu, 13 Maret 2005
�Negakkeun Basa Sunda di Jawa Barat�

NEDA widi ka sakumna urang Sunda pituin, utamina para
inohong wireh simkuring kawit ti "wetan" anu sok
disebat "Mataram" tea, baris ngiring jabung tumalapung
ngeudalkeun pamendak ngeunaan hirup huripna basa jeung
budaya Sunda.

1. Leres pisan ajen inajen basa Sunda teh kawon ku
basa "deungeun". Jalaran seueur urang Sunda ku anjeun
ngagaduhan pamendak basa Sunda teh teu aya niley
ekonomisna. Cohagna mah, teu tiasa janten artos benten
deui sareng basa "deungeun" atanapi basa Malayu anu
saurna teh tiasa enggal janten artos salian tilangkung
apdol upami dianggo alat cumarios (komunikasi).

2. Saestuna, tanggelwaler ngamumule mekarkeun basa
Sunda teh aya dina dampal panangan urang Sunda. Para
Inohong kedah kagungan pamadegan anu panceg, ajeg,
kersa nalungtik, ngawisik diri naha parantos di
lingkungan kulawargana nganggo basa Sunda minangka
bahan paguneman sadidinten. Sim kuring remen mendakan
putra putu inohong Sunda anu kagungan kalungguhan
luhur di hiji pakumpulan kasundaan pangageungna
nyarariosna teh ku basa Malayu.

3. Kareueus, kadeudeuh, sareng kacinta kana sastra
Sunda, seni pintonan sapertos cianjuran, degung,
wayang golek, calung, menpo katingal nyirorot pohara
tarikna. Mangga bae taros, marantena teh kagungan
heunteu kaset-kaset Sunda, buku-buku Sunda, kamus
Sunda, ngalanggan heunteu koran Sunda, majalah Sunda?
Salajengna deui, upami hajat sanes "nabeuh" cianjuran,
degung, komo penca mah. Majar teh, nukararitu olok
kejo, mending elektonan bisa goyang dombret, beu!

4. Bawiraos Jawa Barat teh gaduh Perda No. 5, 6 Taun
1999 namung rupina mah eta perda teu acan pisan
dilaksanakeun kalayan daria. Sim kuring gaduh
pamendak, dina hiji dinten jam anu sami sadaya radio
swasta di sakuliah Jawa Barat wajib siaran ku Basa
Sunda, kakawihanana oge kawih-kawih Sunda. Upami aya
anu "rehe" nyarios, lah sok kokomoan teuing! Sawios,
bongan aranjeuna aya jeung nyiar pangupajiwa di Jawa
Barat.

5. Parandena kitu, mugia para inohong Sunda ulah
pangloh, ari kanu sanes kedah nyunda, kedah pageuh,
pangger kana "moto" silih asah silih asih silih asuh"
mung dina emprona kalah ka silih beubeut, silih siku,
silih dengkek, malihan luas ngagalaksak banda sarakan.
Pengkuh agamana, luhung elmuna, jembar budayana teh
ulah mung abang-abang lambe, tojai'ah sareng
kanyataan. Buktos anu walatra naha parantos aya
pakumpulan, paguyuban kasundaan ngadongdon wargi urang
anu kenging musibah di Leuwigajah? Rupina mah nembe
Mang Ihin nyalira. Anu matak langkung ngangres,
emutaneun urang sadaya naha wargi urang ti Leuwigajah
nyuhunkeun tulung sacara hukum ka dulur ti peuntas
(Giwangkara No. 2666 Maret 05). Kunaon sanes ka LBH
Pasundan atanapi LBH anu dikokolakeun ku Ki Sunda?
Boa-boa marantena teh ngaraos tos teu dipalire,
dimomorekeun ku Ki Sunda.

Pamungkas, ti sim kuring, caang bulan opat belas
balungbang timur jalan gede sasapuan teu aya
pikirkapingburi, maksad awon kana naon anu parantos
didadarkeun di luhur. Malah mandar mugia sing tiasa
janten pamecut supados langsung sae baringsupagi,
Amin.

Bambang Hermanto
Komp. Bumi Asri H. 50
Bandung





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke