Bad� nambihan perkawis kulawarga Sadikin ….

Numutkeun carios, dr.Hasan Sadikin t�h kal�b�t salah sahiji palopor p�rk�mbangan kadokteran di-Indonesia khususna ngeunaan panyawat l�b�t nya�ta paru-paru. Anjeunna pisan anu ngamimitian operasi miceun paru-paru sabeulah (Lubektomi). Ka baraya sadaya anu gaduh carios kumplitna, diantos p�daranana..... Hatur Nuhun.

 

Abah Utun

If I am so busy, why I’m not rich?

 


From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, March 30, 2005 8:34 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Kulawarga Sadikin : Kulawarga "Heuras"

 


Upami urang maca wawancara Ali Sadikin nu tadi diposting, katingali
Bang Ali teh jalmina teh "heuras". Jigana teh heurasna Bang Ali
kabiasaan kulawargana. Kuring kantos maca lalakon ramana Ali Sadikin
nyaeta Rd. Sadikin, salah saurang "tangan kanan" Pangeran
Suriaatmaja, Bupati Sumedang, kantos ngudag-ngudag urang Walanda anu
kurang ajar, bade ditampiling. Padahal eta teh di Jaman Panjajahan
Walanda!. Nami Rd. Sadikin, dianggo nami jalan di Sumedang, nyaeta
jalan di sisi kaler Alun-alun Sumedang. Rd. Sadikin teh pelaksana
lapangan waktos Pangeran Suriaatmaja ngadamel sakola Pertanian
Tanjungsari.

Aya deui dongeng pun Ua perkawis dr. Hasan Sadikin (rakana Ali
Sadikin). Hiji waktu aya tatangga pun Ua di Padasuka Bandung keuna ku
panyakit kotor, maklum panginten sok "jajan". Berobat ka dr Hasan
Sadikin. Bari diubaran, beak bersih dicarekan, "Sia mah hirup teh
beuki nu jorok, nyuntikna ge rek dialungkeun we" .......

Baktos,
WALUYA





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke