sok sering ngareungeu yen tentara mah merah putih. sanajan kitu, siliwangi
boga jargon, Siliwangi adalah rakyat jawa barat (dan baten meureun) dan
rakyat jawa barat (jeung banten) adalah siliwangi. jargon ieu oge ku
Sriyanto pangdam anyar siliwangi, diapalkeun.

sigana kecap eta mucunghul wirehna baheula, tangtara di jawa barat nu
terus dibeungkeut ku ngaran siliwangi, enya, US. sanajan panglimana mah
kungsi urang mana mendi. AH Nasution, Kawilarang, Dharsono, beh dieu Raja
Inal Siregar (ayeuna kepala BIN), jeung sajabana kaasup nu ayeuna Sri gala
eh Sriyanto.

Basa Bung Karno ngayakeun eskperimen pamarentahan, kabinet jadi sering
ganti bari teu lila, TNI mah pan teu milu ngurus politik, nya ngayakeun
konsolidasi, kaasup nguatkeun organisasi tengtara. cara nu maen komando,
jadina gampang jeung tereh. salah sahijina teh nya kaayaan, yen tentara
timana bae kodamna, bisa pindah atawa dipindahkeun ka kodam sejen. dulurna
sobat kuring di galuh, urang Zeni ayeuna di tarutung.

tapi memang, seler mana bae mun dipindahkeun ka kodam siliwangi, sok
ngarasa reueus. meureun sugan we kasimaan ku sima siliwangi nu geus
kakoncara. sarua lah mun urang pasisian lulus sma katarima ka itb. kungsi
boga mamang urang tegal, pindah teuing ti kodam mana, sersan mayor DKT
(dinas kesehatan tentara). pindah ka brigif 13 galuh tasik. manehna
ngarasa jadi tentara nu naek kelas. jadi prajurit siliwangi ngarasa
bergengsi. teu lila boga mamang jawa teh, da pupus katabrak treuk.

jadi siliwangi atawa diponegoro atawa teuing, jero-jerona mah eusina teh
tangtara ti mana mendi. tapi sanajan kitu, wartawan senior urang minang,
Rosihan Anwar ngaku yen galihna (rohna) siliwangi teh estuning Urang
Sunda, nu kalolobana menakna (baca: harita menak US teh intelektual,
budayawan, jst). Siliwangi di jieun digedekeun ku US jeung TS. harita RA
nulis di Kompas soal Umar Wirahadikusumah.

jadi, kodam siliwangi teh bisa jadi mangrupa kodam 'sakolaan' karir
tangtara siga Citibank pikeun bankir. RI Siregar, saberesna jadi pangdam
siliwangi,jadi gubernur sumut, terus ayeuna jadi ka BIN. Tayo Tarmadi, US
karawang, saberesna jadi pangdam siliwangi, pangsiun, nyalonkeun jadi
gubernur jabar eleh, da pasanganana Rudi Harsa Tanaya, ketua PDIP jabar nu
seler cina.

aya keneh aki Mashudi-incuna sakola di pangulinan & Mang Ihin. sesepuh
jabar nu oge sesepuh Siliwangi.



mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke