Haturan baraya, Baruk nuju gunem catur PS ieu teh. Leuh ieu mah atuh warisan anu kalintang saena, geuning US teh gaduh peperenian anu aheng kitu.
Kieu ieu teh baraya, numutkeun panoongan kuring mah. Jigana ngagarap PS teh kedah make jurus "babad alas amer". Cenah harita, nalika rek ngamimitian ngababad alas, geus tatan-tatan ti anggalna sasayagian modal, boh modal sumanget, modal bahan, oge nyieun rencana udagan, rek dikumahakeun ieu alas teh engkena. Tah kukituna, upama ditoong, jigana hancaeun PS lain pagawean enteng-enteng. Jadi pikeun tahap awal mah, keun wae teu kudu dipilah-pilah sagala rupa, keun we jiga sagemblengna. Urusan milah-milah mah engke we, upama barangna tos karuhan aya, rek dikumahakeun oge bisa wae. Jadi nu perlu ayeuna mah mindahkeun eta bahan kana wangun digital. Nu paling logis meureun di-scan, piraku onaman ari rek diketik ulang ku Kang Rudi sorangan mah, atuh matak olab. Hehehe. Prosesna nya dikeureuyeuh we, sugan bisa mayeng. Naha sabulan sa-edisi terbitan. Saterusna eta hasil scan urang simpen di Internet, ngarah bisa dikoroyok ku wadiabalad KusNet, jiga ngagarap Si Rusdi Misnem jeung TQBS. Tempat nyimpenna mah urang pake we tempat umum, seueur ieuh anu haratis. Tah kitu baraya numutkeun kuring mah. Wallahu'alam. Salam, MH --- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mangga, sim kuring ngiringan kana sadaya usul-usul > sararae ngeunaan ngokolakeun PS. Ka Kang MH mugia > kersa urun rembug kumaha saena, panambih kana > pamadegan-pamadegan anu tos aya. Naha sayogi > ngaluluguan ieu "proyek". Ngeunaan hak cipta, sapuk > kana usulan Kang Kumincir. Ngahaturkeun nuhun ka > sadayana anu icikibung dina ieu kagiatan anu lumayan > ageung. Pamugi barokahna ka urang sadaya. > > Baktos, > manAR ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

