Punten bilih pamendak kuring benten ti baraya sanes...
Sok sanajan loba tafsiran ti urang (anu duka teuing
bener henteu namah eta tapsiran, da anu apal tapsiran
na mah mung pa Ali sorangan ) anu ngabener-benerkeun
omongan pa Ali, angger bae ceuk kuring mah pernyataan
anjeuna moal bisa katarima urang salaku muslim. Kunaon
margina anjeuna nepikeun ka ngucapkeun kecap "Demi
Judi....." ? anu konsekuensina beurat pisan siga
nga'baiat' diri sorangan keur hiji tempat/tujuan/jelma
anu kudu ditarekahan satekah polah. Asa palalaur
kuring mah lamun ngadenge ucapan "Demi" teh lian ti
Demi Allah.  Apan di urang mah, naon-naon bae anu
dilalampahan jeung dilakonan ku urang didunia teh apan
kudu urang sanggakeun ka hadirat (demi) Gusti Alloh
SWT. Teu aya liana jeung moal aya sanesna...
Komo ieu mah omongan anjeuna tos terang arek
diasupkeun kana majalah anu pasti baris dibaca ku
masyarakat.

Sim kuring mah sanes teu ngahormat kana jasa anjeuna
ngawangun Jakarta anu ayeuna dicicingan, mung asa
leuwih hade upami ka gedewawanean anjeuna digunakeun
pikeun nenggeulan koruptor-koruptor di pemda jakarta.
Asana mah duit rakyat anu dipaok ku koruptor leuwih
gede tibatan duit anu meunang retribusi ti judi. Dina
prinsip islam, tetep bae proses teh mangrupakeun hal
anu kedah diprioritaskeun tinimbang hasilna/tujuanana.
Keur naon urang mayar zakat jeung sodaqoh, lamun geus
puguh deuitna meunang korupsi duit rakyat. Asa teu
puguh atuh hukum islam, lamun meunangkeun sagala cara
keur ngaronjatkeun kahirupan balarea...

Hampura bilih pondok nyogok panjang nyugak...

baktos akos
     
=================

> Ali tak peduli. Penasihat Gubernur DKI Sutiyoso itu
> malah mengejek politisi partai Islam hanya mencari
> popularitas dan jabatan. Seperti 34 tahun lalu,
> ketika
> ia melegalkan judi di Jakarta, ia menantang. "Demi
> judi, saya rela masuk neraka," katanya.
> 
> Untuk mengupas polemik legalisasi judi dan pelbagai
> persoalan Ibu Kota, wartawan Tempo Setiyardi dan
> fotografer Bernard Chaniago pekan lalu mewawancarai
> Ali Sadikin. Meski hanya ditopang satu ginjal
> cangkokan, lelaki kelahiran Sumedang, 7 Juli 1927,
> itu
> masih sanggup melayani dua jam wawancara. Berikut
> kutipannya.
> 



        
                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - You care about security. So do we. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke