Bah Willy punten nyaa..abdi mah kieu da mun dipasihan terang teh sok nembal 
weee :)
Sapagodos pisan sareng bah willy pami perkawis devisa anu kabur ka luar nagreg 
sareng kahebatan Bp.Ali Sadikin.

Tapi mung anu dihanjakalkeun teh naha Bp.Ali sadikin teh masihan solusi kangge 
melegalisir perjudian?...teu aya jalan saneskah? naha anjeuna teu komentar 
soal2 koruptor2....atanapi "..Demi Uang Rakyat yg di bawa kabur/dikorupsi saya 
rela masuk surga oleh Arsenikum " punten nya sok asal wee abdimah nyaur teh, 
lantaran teu aya pengetahuan nu luas.

Pamendak abdi mah, bebenah diri dululah tidak usah los kana legalilasi 
judi,jalmi alit abdi mah najan teu satuju kokosehan oge ari nu kawasa geus 
ngetok palu mah moal tiasa kukumaha.

Tong boro dana tina judi, geuning tina kesang rakyat nu miskin oge aparat2 
urang mah tega pisan.

Nia

-----Original Message-----
From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, March 30, 2005 1:07 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Jaman geus robah --> Re: Ali Sadikin: Demi Judi,
Saya Rela Masuk Neraka




Teh Nia, judi ageung-ageungan di Jakarta, saleresna mah ayeuna oge 
masih aya, malah langkung ageung ti keur di jaman Ali Sadikin 
marentah. Teras soal maksiat, aya buku "Jakarta Undercover" nu 
nyarioskeun kahirupan malem di Jakarta. Judi nu ageung, ceuk cenah 
dilakukeun ku nu baleunghar (utamina mah Cina) nganggo sagala cara. 
Salah sahijina nganggo Kapal pesiar. Seueur iklan na koran, pesiar ka 
Singapur nganggo kapal pesiar. Tah dina kapal pesiar ieu judi jiga di 
Las Vegas atawa jiga di Malaysia (naon geuning nami tempatna teh Ki 
Hasan?) dilakukeun, waktu kapal pesiar aya di perairan internasional 
(langkung ti 200 mil ti pantai), di perairan ieu, hukum indonesia, 
henteu berlaku. Kapal pesiar ieu ukur pura-pura jadi kapal pesiar 
padahal kamufalse keur perjudian.

Di nagara tatangga urang aya tempat perjudian anu ageung, jiga di 
Malaysia jeung di P. Chrimach Australia (kiduleun Pelabuhan Ratu) 
sajam hiber ti Jakarta. Saha anu jarudi didinya? urang Indonesia!. 
Urang Indonesia nu baleunghar resep judi, parantos rahasia umum jeung 
jadi sumber pendapatan kompleks perjudian nagara tatangga.  Nu 
baleunghar di Indonesia, moal tiasa dilarang kangge judi, da tinggal 
hiber we ka nagara tatangga, der weh meakeun duit didinya, malah 
kapungkur aya wartos putra presiden wae dugi ka seseepan di Las 
Vegas, teras ditewak pulisi. Artosna? kenging nyandak ti Indonesia 
mirip jeung sheik-sheik Arab nu nyandakan artos ladang minyak, 
dianggo judi di Las Vegas. Tah ku alesan ieu panginten kunaon Bang 
Ali satuju upami perjudian di Indonesia dilegalisir, supaya artos 
penjudi teh tetep aya di Indonesia ulah jadi devisa nagara batur. 
Kapungkur anjeunna ngadamel tempat judi nu dilokalisir. Harita oge 
seueur nu nentang, tapi jawab anjeunna :" Lamun haram, nya entong 
asup kadinya!. 

Janten analogina sapertos daging babi anu henteu dilarang diical-
galeuhkeun di Indonesia. Umat Muslim tantosna oge moal meser daging 
eta, da haram. Sapertos Judi anu dipajeg ku nagara, ical galeuh 
daging babi oge, tetep keuna pajeg keur nagara. Janten nagara urang 
teh tetep nampi artos tinu "haram-haram" ieu, sanes tina judi wae.

Ah tos sakieu, ngiringan ngacaprux.

WALUYA







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke