Biasa, promosi Wikipedia: ensiklopedi bebas basa Sunda.
PMS (pangbenerkeun mun salah, = CMIIW)
-----------------------------
Dina kimia, asam karboksilat (ogé disebut asam alkanoat) nyaéta asam
organik nu dicirikeun ku ayana gugus karboxil. Strukturna
R mangrupa hidrogén atawa gugus organik. Dina rumus kimia, ieu ogé
biasa ditulis RCOOH).
Kaasaman, sebaran éléktron, jeung résonans
Asam karboksilat ngarupakeun asam lemah, sabab disosiasi molekul RCOOH
ngan kira 1% nu jadi kation H+ jeung anion RCOO- na suhu rohangan dina
leyuran cai.
Dua atom oxigén éléktronégatif cenderung metot éléktron ngajauhan
hidrogén na gugus hidroxil, sedengkeun proton H+ sésana bisa leupas
kalawan gampang. Muatan négatif sésana salajengna nyebar simétris di
antara dua atom oxigén, sarta beungkeut karbon?oxigén mibanda ciri
beungkeut ganda parsial (délokalisasi).
Ieu ngarupakeun hasil tina struktur résonans nu kaciptakeun ku ayana
komponén karbonil na asam karboksilat, nu mun teu kitu gugus OH-na
moal gampang kaleungitan H+-na (tempo alkohol).
Ayana gugus éléktronégatif (kayaning -OH atawa -Cl) nuturkeun gugus
karboksilat bakal ngaronjatkeun kaasaman. Sahingga, pikeun conto, asam
trikloroasétat (tilu gugus -Cl) ngarupakeun asam nu leuwih kuat batan
asam laktat (hiji gugus -OH) nu leuwih kuat batan asam asetat (teu
boga gugus séjén).
Réaksi
Asam karboksilat bisa dijieun ku jalan oxidasi lengkep alkohol primér.
Asam karboksilat meta jeung basa piekun ngahasilkeun uyah karboksilat,
nalika hidrogén gugus -OH diganti ku ion logam. Asam étanoat (sarua
jeung asam asetat) meta jeung natrium bikarbonat (baking soda) jadi
natrium étanoat (natrium asetat), karbon dioxida, jeung cai:
CH3COOH + NaHCO3 → CH3COONa + CO2 + H2O
Gugus karboxil ogé meta jeung gugus amina jadi beungkeut péptida sarta
jeung alkohol jadi éster.
Asam karboksilat bisa diréduksi ku LiAlH4 jadi alkohol primér:
Conto
Sababaraha asam karboksilat di antarana:
* HCOOH asam format (kapanggih dina panyeureud serangga, format
nujul ka sireum)
* sadaya asam lemak, nu R-na mangrupa alkana dina asam jenuh atawa
alkéna mun asamna teu jenuh
o CH3COOH asam asétat atawa asam étanoat (aya na cuka)
o CH3CH2COOH asam propanoat
o C6H5COOH asam bénzoat (natrium bénzoat, uyah natrium asam
bénzoat dipaké salaku pangawét pangan)
o asam butirat
o CH2=CHCOOH asam akrilat
* asam laktat, aya na susu murni
* asam oksalat
* asam malonat
* asam suksinat
* asam glutarat
* asam adipat
* sadaya asam amino
Tempo ogé
* anhidrida asam
* éster
Retrieved from "http://su.wikipedia.org/wiki/Asam_karboksilat"
Kategori: Asam | Asam karboksilat
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/