|
Wa'alaikum salam,
Mangga
Teh Inet, urang ngariung didieu ah di Lembur BaKus ( Babakan Kusnet
)...
sagala
aya didieumah tinu paling seurieus dugikeun kanu paling
pikaseurieuseun..heuheuheuheu..
mangga
sendalna wae anu dilepaskeunmah anggoan teu kedah, bilih dirontok ku Kang Ayub
anu nyilengleum wae di LAB tuh... ( muhun kamana Kang Ayub teh mani tara aya
amengan ka Lembur? )
sakantenan nepangkeun ah, sim kuring gaduh wasta pamasihan ti nu jadi
kolot mah Cecep Wahyu, ku lanceuk lanceuk abdi utamina ku lanceuk anu no. 2 sok
disauran Ule atawa Uul... nepa ka babaturan sakola oge jadi nurutan
Ule...
ayeuna
sim kuring nuju kasasar di Bintan, damel di pausahaan Elektronik di Bintan, mung
untung wae teu di Batam, bahaya di Batammah keh ngahiji sareng Juragan Hayam
Batam kang Panzi tea, anu gaduh cita cita palay ngawayuh
sapuluh...heuheuheuheu..
cag
ah. mangga lajengkeun, mugia betah tumaninah..
Baktos,
Ayah
Amey
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
<<attachment: image001.jpg>>

