Kang Yudi, sim kuring oge satuju yen ngadu teh aya dampak sosialna, 
dimana-mana oge anu diharamkeun mah ngandung dampak sosial anu awon. 
Tapi urang oge kedah ningali realitas anu aya. Ngadu bade Togel (toto 
Gelap) ti Singapure atawa ngadu di kompleks perjudian di nagara urang 
teh aya jeung karasa. Ngalarang ngadu di nagara urang, ukur larangan 
dina kertas, kanyataan di lapangan henteu kitu, ngadu tetep jalan, 
malah omzetna, upami saur Ali Sadikin dugi ka 15 triliyun!. Nagara 
(government = tukang ngatur sanes tukang marentah) kuduna ngatur 
peredaran artos anu sakitu seueurna, sabab artos ieu, lamun henteu 
diatur, ukur nyuburkeun cukong, preman jeung aparat pamarentah anu 
korup. Kumaha carana, ALi Sadikin gaduh ide, jeung geus dipraktekuen 
jaman anjeunna kawasa, legalisir ngadu, terus "diawasi" kalawan sereg 
pisan (ketat pisan). Dampak sosial akibat judi liar langkung parah 
tinimbang judi nu diawasi ku pamarentah.

Jakarta di tahun 1960'an, samemeh Bang Ali jadi gupernur, ngadu aya 
dimana-mana nu ngajalankeun para cukong nu dibekingan ku aparat 
pamarentah, protitusi di jalan-jalan. Jakarta leuwih tepat lamun 
disebut "big Village" (kampung besar) tinimbang hiji kota (kuring 
kantos nonton film living dangerous mel Gibson nu nyaritakeun jakarta 
taun 1965, sedih nempona oge, ceuk pandangan para bule, jakarta teh 
lir ibarat kota di afrika!). Bang Ali berusaha memeres masalah ieu. 
Ngadu dilegalisir, dipajeg, protitusi kitu keneh dilokalisir (akhirna 
ditarurutan ku kota-kota lain di Indonesia). Jakarta dijieun master-
planna (ieu oge ditarurutan ku dareah lain, nyarieun master-plan keur 
daerahna masing-masing). Keur memeres ieu peryogi artos, nya meureun 
kapaksa artos tina pajeg judi, da ti pamarentah pusat mah kurang 
pisan. 

Tapi, sapertos ceuk Tempo, jaman geus robah, Bang Ali parantos sepuh 
jeung geus teu gaduh kakawasaan naon-naon, tinggal galakna wungkul. 
Ayeuna mah tinggal urusan nu ngarora, bade dicandak kamana bangsa 
urang teh?

Baktos,
WALUYA






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke