Aya kahanjelu saeutik ngeunaan ngaran jalan tol anu nyambungkeun 
Cikampek-Bandung. Upama teu salah mah ngaranna teh "Cipularang", 
singketan tina: Cikampek-Purwakarta-Padalarang. Memang, sok sanajan 
disingket, eta ngaran teh geus ngaabadikeun sarakan budaya anu 
diliwatanana, tapi kusabab disingket, jadi kurang afdol. 

Na matak naon nya upama ngaran eta jalan tol teh nyandak tina budaya 
TS anu langkung jembar sarta langkung pas...boh dumasar ngaran 
sarakan, ajen-inajen, kajadian, kabuyutan, anu patula-patali jeung 
sarakan-sarakan anu diliwatan ku eta jalan tol? Upamana bae nami eta 
jalan tol teh nyandak tina nami pahlawan TS anu kawentar asalna atawa 
bajoangna di wewengkon-wewengkon anu kaliwatan ku eta jalan? atawa 
nyandak nami gunung atawa walungan anu jadi sumber kahirupan eta 
wewengkon. 

Aya anu gaduh ide kana pingaraneunana nyoko kana hal eta? Sugan bae 
aya kasemperan ngusulkeun keur ngaganti ngngaran anu ayeuna? diantos.

Baktosna,
manAR





--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
> 
> Info kiwari tina surat khabar : yen dinten ieu proyek tol SADANG-
BANDUNG 40
> km bade direngsekeun, biayana 1.3 T, jadi sakedap deui uih ka bandung
> bakalan unggal minggon tapi tong kaluar di Pasteur pasti lah rada 
macet,
> tapi kumaha pintu tol sanes oge rame dan di bdg ayeuna mah seueur 
pisan
> mobil jeung angkot





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke