Haturan Kang MH,
Leres, HHM teh kalebet inohong anu "kontroversi" oge keur anu resep kontroversi mah. Nyakitu geuningan, dunya teh mindeng dihirupkeun ku inohong-inohong anu sok dicap pinuh ku kontroversi hehehe. Sigana lain kontroversi, ngan urang bae anu can bisa nuturkeunana. Tapi, the life must go on sanes? kahirupan kudu terus laju kalawan nyanghareupan sagala rupana anu dinamis....gerak saterusna dina lingkaran gerak anu abadi.
Rumasa diri teu apal nanaon ka HHM sareng pangemutna. Enya oge kungsi maca sababaraha seratanana, estuning sakumaha nu sanesna, ku matak hemeng. Ti ngawitan martabat alam 7, kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan, sapanjang neangan kidul kaler deui kaler deui, oge adat orang Sunda di Parahiyangan jeung nu sanesna, ukur bati kumetap. Hayang ngarti teleb, tapi teu mampu.
Keur neangan sungapan, sugan jeung sugan bisa ngabeberah salira anu hanaang ka HHM, seja ngiberan bae, aya pakumpulan pala putra-putu kulawadet HHM anu sacara rutin biasa ngaguar kahirupan sareng karya-karya anjeunna. Mangga, ngajapri bae ke dipaparinkeun alamat kontakna.
Baktos,
manAR
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun Ua Sas kana waleranana.
Leres kantos nangenan seratan Bah Willy perkara HHM
teh, anu dipakaitkeun hubungan anjeuna sareng Snouck.
Mung harita ku kuring teu acan katangen
"kebesarannya". Saatosna maca artikel PR, nu tos
dipostingkeun, geuning saurna sababad sareng Hamzah
Fanzuri. Kukituna janten panasaran, naha kunaon teu
kungsi asup kana bahan pangajaran di sakola urang
Sunda, boh sajarah kitu deui sastra.
Mangga diantos postinganana Ua Sas.
Salam,
MH
=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

