punten ah naros bae kang Nana, ari jaman abdi harita (kapungkur maksadna)
diajar basa Sunda teh mung dugi kelas 2 SMP eta ge di SMP negeri, upami
ayeuna kumaha situasina kana pelestarian basa Sunda? diajar dugi ka SD
atanapi masih sami dugi SMP pan tos aya otonomi daerah tea jadi tergantung
kurikulum daerah masing2 atanapi sakola masing2 . Abdi ge rumasa rada sesah
nyarios nu lemes, kahiji : nuju alit dugi ka SMA teh di Bandung nyariosna
bahasa okem we jeung babaturan, contona : milu jeung uing geura, atawa rek
kamana sia? atawa, a...j...g meni alus tah motor si Alip teh, lain keur
gelut eta teh tapi justru akrab pisan situasina. Tah tiasa nyarios lemes
sakedik2 ge ngabandungan nu kolot nyarios jeung nu kolot eta ge di lembur.
kadua : di bumi teh ngangge 2 bahasa, sunda sareng indonesia. Panginten,
ieu mah panginten wungkul, perkawis nyarios sundana teu leres teh kusabab
umum anu 2 perkawis tadi.
mangga atuh
Anugrah Setiawibawa
MM MD Dept 09 & 56
PT Matahari Putera Prima Tbk
Ph : 5469333, 5475333 Ext 9858
Menara Matahari Lt 11
0815-888-4808
nana sutrisna
<tisna_tisna@ To: [email protected]
yahoo.com> cc:
Subject: [Urang Sunda] Entong
Hariwang
03/31/05
02:00 PM
Please
respond to
urangsunda
Sigana mah Kang lamun ngilikan basana urang Korea atawa urang Jepang naha
ngabogaan undak usuk jeung loba basana anu sarimbag eujeung basa China ieu
teu beda eujeung pangaruh kabudayaan India ka Nusantara. Pantes Korea jeung
Jepang basana oge tulisanna meh sarua jeung China kusabab geus rewuan taun
kadua bangsa eta didominasi ku kabudayaan China. Komo Korea mah kungsi
dikawasa China dizaman dinasti Tang anu umurna nepi ka kiwari enggeus
kurang leuwih 1500 taunan. Jadi pamohalan keur urang Korea atawa urang
Jepang ngaleungitkeun pangaruh basa China ti basa maranehna da kusabab basa
serepan eta geus dipake rewuan taun lilana. sedengkeun undak usuk anu
dipake di basa Sunda kakarak dipake sakitar abad 18 lamun diitung nepi ka
danget ayeuna meureun kakarak kurang leuwih 300 taunan barijeung anu make
undak usuk mah ngan di kota-kota feodal wungkul. da dipilemburan mah tara
aya anu make, ayeuna loba nu make soteh da eta weh dipaksa diajar
disakolaan, bariejung diakon - akon yen eta basa teh basa karuhun anu "baik
dan benar".
ayeuna urang bandingkeun weh sacara kasarna lobaan mana, anu make basa
lemes atawa basa loma diantara 22 kabupaten di 3 Provinsi anu ngagunakeun
basa Sunda nyaeta Jawa barat, banten eujeung jawa tengah (Brebes + Cilacap)
:
- dianggap ngagunakeun basa lemes : Bandung; Tasikmalaya; Garut; Cianjur;
Sumedang; Purwakarta; Majalengka jeung Ciamis (8 Kabupaten)
- dianggap ngagunakeun basa loma : Pandeglang, Lebak, Serang, Bogor,
Sukabumi, Tangerang, Bekasi, Karawang, Subang, Indramayu, Cirebon,
Kuningan, Brebes jeung Cilacap (14 Kabupaten).
anu ngagunakeun basa loma acan ka asup urang Ciamis kidul, Garut kidul,
Tasik Kidul, Cianjur kidul sedengkeun anu ngagunakeun basa lemes di daerah
anu ngagunakeun basa loma eta biasana mah "pendatang" ti priangan. Jadi
naha bener basa Sunda teh ngagunakeun undak usuk? tangtu dulur - dulur
kabeh bisa ngajawabna sorangan, pedah ayeuna anu diajarkeun disakola teh
basa undak usuk eta mah pan prakarsana walanda ngabukukeun basa model kitu
sedengkeun basa Sunda anu henteu ngagunakeun undak usuk can aya anu
ngabukukeun. eta hungkul bedana teh antara dibukukeun tuluy diajarkeun
disakola jadi weh dianggap bener sedengkeun anu hiji deui henteu dibukukeun
tur henteu diajarkeun disakola jadi weh dianggap salah.
ari ceuk kuring mah masalah undak usuk lain masalah "sepele" anu bisa
dikompromikeun sabab eta pakuat - pakait eujeung hirup - huripna basa sunda
kahareupna. lamun henteu ti ayeuna urang ngabebener anu nyalahan isuk
pageto bakal leuwih parna karusakanana. kuring lain hayang basa sunda teh
murni tanpa campuran basa deungeun ngan masalahna teh diurang aya dua
pilihan antara make undak usuk atawa henteu, lamun seug undak usuk teh geus
ditarima ku sakabeh pamake basa sunda tangtu kuring ge narima saperti
umpamana urang jepang, urang korea jeung urang jawa, ngan hanjakalna undak
usuk teh teu kapake ku sakabeh urang sunda kalahka lobaan anu teu make jadi
lamun kudu di meunangkeun justru anu loba atuh ulah anu saeutikan dina segi
kasajarahan (historis) Sunda mah teu ngagunakeun undak usuk ongkohna deui
urang melayu mah da egaliter, tuh tingali dulur dulur urang anu di pulo
sumatera, kalimantan, sulawesi, maluku, sunda kecil, papua, semenanjung
malaysia, filipin (tong jauh-jauh ka asia timur jauh, asa jauh teuing). apa
maranehna dulur deukeut urang ieu ngagunakeun undak usuk? pan heunteu
buktina wae urang bali loba anu ngusulkeun ninggalkeun undak usuk sok
padahal undak usuk manehna leuwih teleb tinimbang urang sunda. ceuk urang
bali mah ngagunakeun undak usuk teh sarua jeung majapahitisasi. naha urang
bakal tinggaleun ti urang bali atawa urang narima oge disebut ngalaman
majapahitisasi atawa mataramisasi?
wasalam
nana
He .. he ... leres maca tulisan Jepun teh siga rokrak pasiksak ..
Tulisan Jepun aya tilu karakter, nyaeta kanji - ilaharna asalna tina basa
Cina, Hiragana - tulisan asli Jepun, Katakana - serapan tina basa asing,
kadangkala rada hese kana maksud kalimahna. Dina sakalimah tilu karakter
eta teh aya, pagalo jadi hiji. Contona di Jepun mah teu aya McDonald .. nu
aya Maku Donarudo .. he .. he ...
Basa Jepun oge sami aya undak usuk basana, basa lemes, merenah, kasar -
ilaharna dianggo di pabrik sareng dina kaayaan darurat. Salian ti eta,
basa Jepun oge nganggo kaidah waktu: kamari, ayeuna, isukan. Biasana upami
lebet ka parusahaan, aya waktu sabulan dugi ka tilu bulan, kanggo diajar
kumaha sopan santun di eta perusahaan.
Saur rerencangan nu urang Jepun, kanggo ngartos kana basana nyalira kacida
pisan hesena, margi kitu kanggo diajar basa sanes, Inggris upamana hoream,
margi kitu hal nu ilahar lulusan PT oge teu pati ngartos kana basa sejen
iwal ti basa Jepun. Hal ieu oge kumargi bacaan dina basa Jepun jauh
langkung mirah tinimbang bacaan basa sejen, contona bae dina basa Inggris
tiasa 5 kali langkung awis tinimbang anu dina basa Jepun. Nya cape-cape
oge macaan rokrak pasiksak, lumayan ku artos nu sami tiasa meser 5 judul
buku dina basa Jepun, sedengkeun dina basa Inggris mah ngan hiji bari
jeung lami pesenna, panginten ieu salah sahiji alesan tina segi ekonomi.
Perangkat lunak komputer oge sami, langkung mirah dina basa Jepun teh.
Wallahualam.
baktos,
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
From: Siddik Wiradireja
To: [email protected]
Sent: Tuesday, March 29, 2005 5:39 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] pieunteungeun --> Re: [kisunda] Hariwang
Muhun .... leres kitu....
padahal basa deungeun oge anu gaduh undak-usuk basa henteu janten
halangan kana kamajuan sareng pangwangunana, malah janten
pangdorong/tuturus kamajengan.
Contonna : Korea, bibit buit bahasa Korea teh bahasa Cina, dugi ka ayeuna
masih seueur kecap-kecap bahasa Korea anu ngaharib kana bahasa Cina.
Bahasa Korea ngagaduhan tilu undak basa anu masih dianggo tug dugika
danget ieu ; lemes (kanggo kasaluhureun), merenah (kanggo ka sapantar),
kasar (kango ka sahandapeun). Sigana disajagat ieu sanes bahasa Korea wae
anu masih nganggo undak-usuk basa (duka tah di Jepang cobi cep Budhisareng
wargi nau sanesna, diantos postingna perkawis bahasa di Jepang sareng
dinagara sanesna).
Sakitu kanggo bahan lenyepaneun urang sadaya.
Pihatur,
ssw
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring oge puguh rada aneh suraneh nengetan
padungdengan basa Sunda teh. Ngan catetan, pangpangna
mah perkara kahelok kuring ka papada baraya US. Nalika
urang diajar basa deungeun, naon wae rek Inggris,
Walanda, Arab, Jepang jeung sajabana, jigana teu
pernah ngamasalahkeun perkara aturan kabasaan. Boh
gramatika, oge sintaksisna. Ditarurut we, sakumaha
kaedah-kaedah nu aya. Malah diajar basa Jepang, daraek
we diajar nulis make aksara jiga rokrak pasiksak oge.
Ari palebah diajar basa sorangan, hayoh pahibut
masalah undak usuk basa sagala rupa. Padahal jigana,
nu leuwih payus jadi padungdengan teh, naon nu geus
bisa dihasilkeun ku urang ku cara migunakeun basa
Sunda.
Salam,
MH
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/