Di televisi dina acara Kriminal sering ditayangkeun (malah mah sok "live") kumaha pulisi ngudag-ngudag ungkluk. Aya nu digedor kamarna, ber .....lalumpatan, aya nu teu dibaju-baju acan. Bakating ku sieun katewak aya nu ngajleng ka walungan, palid .....teu kapuluk deui. Aya nu cingogo dinu bala, disorot ku lampu kamera TV, ukur dibaju kaluhurna, kahandapna buligir ..... . Hate kuring ngajerit, masya Alloh........Gusti, na geuning kieu nya supaya jalmi-jalmi sina saladar teh. Tepi ka kudu disorot ku kamera, di era...era, diasupkeun kana mobil bak terbuka, jiga domba garut. Na mani asa ku teungteuinganan.
Sakapeung mah sok hayang protes, tapi duka ka saha, cik atuh televisi teh tong pipilueun dina penertiban ungkluk mah, teu kudu disorot kamera televisi, teu kudu ditayangkeun sabab eta teh sarua we jeung "hukum rimba" di lembur, lamun aya nu ngalakukeun asusila teh diarak ditaranjangan dibawa ka bale desa (anu masih mending da nu nyaho ukur jelema sakampung, ari televisi mah ditongton dimana-mana). Atawa memang urang teh sabenerna mah masih boga pola pikiran jaman baheula, ngan pedah "dibajuan" ku alat-alat nu modern? Baktos, WALUYA --- In [email protected], "yr32" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Deudeuh teuing awewe bangor (baca pelacur) mani sapapandekeun jeung > runtah abong-abong sarae akhlak jeung moralis. Awewe bangor mah- awewe > bangor bae sanes runtah atawa sampah. > > Sampah/runtah diwadahan, pinuh, mancawura, pabayatak, akhirna teu > kawadahan....bongan bae naha runtah nu geus diwadahan teh teu diurus, > teu diduruk, teu dipilihan anu bisa keneh digunakeun (diproses ulang), > atuh runtah organikna bisa dijieun gemuk atawa kompos.....tah si runtah > teh aya gunananing...poho siganamah yen kabeh nu aya didunya teh aya > fungsina, nyeta atuh jelema mah sok asa aing uyah kidul tea, asa aing > pang benerna, padahal jelemamah baharu...naon nya baharu teh??? > > Runtah nu bayatak tangtu bae nungtung masalah, nya kudu diwadahan, geus > diwadahan teh geus kokolakeun, urus sing bener sing jadi barang anu aya > fungsina....enya hese...ngahujat nu babarimah. > > Awewe bangor teh atuh mun geus diwadahan mah (baca dilokalisir), nya > diurus atuh sing bener, dibeberes, dididik tah kupara akhlaknese teh, > dipapagahan, dibere pengarahan, sangkan bisa aya gunana....nyaenya atuh > bakal numpuk ari teu kokolakeun mah..... > > Hade roman karya Holisoh ME nu meunang pangleler Rancage, nu judulna : > Kembang-Kembang Petingan, nu ditulis sabada lokalisasi Badama Tanjung > Sari ditutup (baca diduruk). Enya horeamlah maca teh..mendingan > ngahujat... > > Deudeuh teuing awewe bangor, sanajan cenah, sakali deui cenah > runtah...anger aranjeun makhluk Allah. Ngan makhluk Allah sejen nu > ngahakiman aranjeun runtah, manage runtah...runtah...saha nu miceun > saha nu ngahujat....bongan teu diurus....ngan saukur dijejeleh bari teu > diropea....runtah ambek akhirna nindihan jalma. Punten bae pami aya > awewe runtah dendam ka awewe "bermoral", bongan maneh ngajejeleh bari > jeung teu mere lolongkrang.... > > Heuheueueueu.....karunya runtah!!! > > KangYa > Tungtung Seoul ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

