|
Astagfirullah... ampun paralun
teuing kang upami abdi nyaruakeun pelacur sareng runtah, teu aya maksad
ngahakiman aranjeuna sanaos kumaha oge aranjeuna teh sami - sami mahluk
Allah.
saur abdi kamari oge ieu mah logika na jalmi bodo sapertos abdi anu ningali tarekah
pamarentah dina ngatur persampahan tea... sakitu wadah rumpah tos disayagikeun
dimana-mana, sanksi tos aya nanging kesadaran masyarakatna sareng aparat penegak
hukumna anu kirang janten runtah masih pabalatak dimana-mana. abdi mah mang
hariwangkeun upami judi di legalkeun tapi kesadaran masyarakat sareng aparat
penegak hukum na masih kirang naha moal nimbulkeun masalah anu
anyar?
punten abdi mah sanes jalmi anu sae akhlakna
atanapi moralis komo deui uyah kidulmah anu pasti abdi jalmi teu uyahan tos
kumawantun ngiringan diskusi di ieu milis.
sakali deui abdi neda di hampura ka bah willy
sareng kang Yaya oge baraya kusnet sadayana rehna abdi jalmi bodo tos kumawantun
ngiring mairan jejer legalisasi judi idena ki Ali sadikin tea di ieu
milis.
Baktos / Kamal
( Jalmi bodo jeung teu uyahan )
In [email protected],
"yr32" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Deudeuh teuing awewe bangor (baca pelacur) mani sapapandekeun jeung runtah abong-abong sarae akhlak jeung moralis. Awewe bangor mah-awewe bangor bae sanes runtah atawa sampah. Sampah/runtah diwadahan, pinuh, mancawura, pabayatak, akhirna teu kawadahan....bongan bae naha runtah nu geus diwadahan teh teu diurus, teu diduruk, teu dipilihan anu bisa keneh digunakeun (diproses ulang), atuh runtah organikna bisa dijieun gemuk atawa kompos.....tah si runtah teh aya gunananing...poho siganamah yen kabeh nu aya didunya teh aya fungsina, nyeta atuh jelema mah sok asa aing uyah kidul tea, asa aing pang benerna, padahal jelemamah baharu...naon nya baharu teh??? Runtah nu bayatak tangtu bae nungtung masalah, nya kudu diwadahan, geus diwadahan teh geus kokolakeun, urus sing bener sing jadi barang anu aya fungsina....enya hese...ngahujat nu babarimah. Awewe bangor teh atuh mun geus diwadahan mah (baca dilokalisir), nya diurus atuh sing bener, dibeberes, dididik tah kupara akhlaknese teh, dipapagahan, dibere pengarahan, sangkan bisa aya gunana....nyaenya atuh bakal numpuk ari teu kokolakeun mah..... Hade roman karya Holisoh ME nu meunang pangleler Rancage, nu judulna : Kembang-Kembang Petingan, nu ditulis sabada lokalisasi Badama Tanjung Sari ditutup (baca diduruk). Enya horeamlah maca teh..mendingan ngahujat... Deudeuh teuing awewe bangor, sanajan cenah, sakali deui cenah runtah...anger aranjeun makhluk Allah. Ngan makhluk Allah sejen nu ngahakiman aranjeun runtah, manage runtah...runtah...saha nu miceun saha nu ngahujat....bongan teu diurus....ngan saukur dijejeleh bari teu diropea....runtah ambek akhirna nindihan jalma. Punten bae pami aya awewe runtah dendam ka awewe "bermoral", bongan maneh ngajejeleh bari jeung teu mere lolongkrang.... Heuheueueueu.....karunya runtah!!! KangYa Tungtung Seoul Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Awewe bangor runtah...beu mani ngahaki... Kamal Idris
- Re: [Urang Sunda] Awewe bangor runtah...beu mani ng... waluya56
- Re: [Urang Sunda] Awewe bangor runtah...beu mani ng... Nenny Nenden
- [Urang Sunda] Re: Awewe bangor runtah...beu man... Rudi Heryanto
- RE: [Urang Sunda] Awewe bangor runtah...beu mani ng... etom ethom
- RE: [Urang Sunda] Awewe bangor runtah...beu mani ng... Nia Sri Winiarsih

