Punten.....punten ka baraya sateuacanna sanes deuih abdi alim saluyu kedah nutup ieu bahasan perkawis Ali sadikin. Tapi abdi gaduh unek2 anu hoyong dikedalkeun. Punten ieu tulisanana lumayan panjang, mugi tiasa kaaos ti awal dugika ahir.
Perkawis gagasan Ali sadikin tangtos bae ngundang PRO sareng KONTRA.Tapi abdi yakin ka baraya anu didieu, hususon ka anu PRO sanes berarti eta teh satuju kana perjudian tapi leuwih ningal kana tujuan sareng hasil ahirna.(upami abdi henteu lepat)
Sakedik abdi ngulas heula sosok Ali Sadikin. Ka anu kantos ngalaman jaman sareng Ali Sadikin tangtos langkung uninga manan abdi anu nembe mucunghul.
Sosok Ali Sadikin nyaeta tokoh anu kontroversi anu waktu ngajabat janten Gubernur DKI Jakarta, anu pernah ngalegalisir judi malihan melokalisir pelacuran. Salah sahiji ucapan Ali Sadikin anu kontroversi nyaeta nyarita ka para ulama/tokoh islam anu katingal nangtangna.
Eta tokoh Ali Sadikin waktos harita mah teu pati kuat kana agamana sabab anu pernah abdi mendak wartos mah sabada di copot jabatan gubernurna seueur diajar kana agama. Malihan seueur campur gaul sareng tokoh2 agama diantarana Syafruddin Prawiranagara, M.Natsir, Muh.Roem, Ayip Rosidi jeung sajabana deui.
Nah, abdi hoyong terang naha eta caritaan Ali Sadikin anu kamari aya dina wawancara teh caritaan Ali Sadikin anu ayeuna atanapi anu kapungkur di cutat deui...?(di luar anu aya caritaan sareng PKS)
Upami leres caritaan anu ayeuna, kahijina...upami dina diulangna kapasitas Ali Sadikin sabagai naon? Upami sabagai penasehat Gubernur Sutiyoso tangtu satujueun moal? sareng upami Sutiyoso satujueun dina harti bade nyieun atanapi ngusulkeun raperda perjudian, naha DPRD bakal ngaluyuan? Abdi ragu bilih cariosan eta teh nyutat cariosan baheula.
Kaduana, Upami tea mah Ali Sadikin msh keneh ngaluyuan kana perjudian atanapi melegalisir kana perjudian, ieu kedah ditingali dina sisi lain. Diantarana pakta yen perjudian sesah diberantasna, perjudian ayeuna tambah meuweuh manan samemehna. Sementara eta duit anu beredar dina perjudian teh seueur asup kana kantong para pejabat jeung aparat.
Anu janten pasoalan sanes hartina satuju kana perjudian, tapi mana anu leuwih mashlahat, naha perjudian tiasa dikontrol/dikendalikeun ku ayana lokalisasi bari jeung duit asup.....atanapi perjudian terus meuweuh, masarakat terus diperes ku perjudian, penegakan hukumna teu jalan, duitna henteu bisa dipake kanggo kapentingan masarakat umum?
Tinggal panginten lamun tea mah perjudian bade dilegalisir, tinggal kumaha carana eta teh sangkan henteu mawa panyakit ka masarakat, anu judina memang boga budaya resep judi saperti disawatara orang2 cina. Terus dibatasi jalma2 anu bisa asup kana tempat perjudian dengan persyaratan orang muslim tidak boleh. Didieu nu namina persaratan2na kudu jelas sareng kudu bisa kana pengendalian, sareng kontrol kana kagiatan perjudian kedah ketat.
Mung, ayeuna tinggal naros....na aya kasiapan ti aparatur nagara urangna henteu??
Tapi kanggo perjudian anu ngalibatkeun masarakat letik mah saperti SDSB, NALO, atanapi anu kiwari TOGEL, eta mah henteu satuju ku sabab karunya ka masarakat letik sareng tangtos ngarusak ka masarakat.
Saalus2na hukum peraturan, da sipatna jelema sok hayang nyimpang dina peraturan. Tetep we aya anu namina pelanggaran mah.
Tina pasoalan judi rupina kirang cocok upami dipakuat pakaitkeun sareng hutang luar negri. Maksad teh tina judi ulah diharepkeun kanggo mayaran hutang. Kanggo mayar hutang mah seueur deui pasumberanna anu tiasa diharepkeun. Misalna pengembalian harta2 jalmi anu korup, panghasilan tina proyek2sumber alam saperti FREEPORT tea (cenah kauntungan nagara mah ngan kenging 10% tina kauntungan bersih bari jeung bahan2/barang2 galianna anu dicandak teh henteu bisa ka kontrol). Tiasa deui pasumberan teh dina BBM sareng pasumberan anu sanesna deui.
Nu namina sumber panghasilan nagara anu kamungkinan eta teh lian ti judi, tiasa wae tina pajak peternakan babi, tina pabrik2 alkohol, kaasup aya deui peminjaman luar negri....Salaku rahayat mah henteu kedah ngarasa dosa atanapi teu kedah nganggap haram sabab panghasilan anu tos lebet kana kas nagara anu tos janten sarana umum, urang teu kedah terang ti mana sumberna da sanes deui urusan urang salaku rahayat. Ieu dumasar kana jamanna Nabi, anjeunna kantos nambut ka urang yahudi. Tapi pinjaman eta teh ku anjeunna di tampi.
Abdi sacara pribadi , ari kana legalisasi perjudian sareng lokalisasi tetep we teu satuju da teu paruk/sasuai jeung kaimanan. Mung panginten urang kedah tiasa memahami kana pamikiran jalmi anu boga gagasan. Urang tong ningal mung saliwat tapi kedah di tingal dina sisi lain sareng ningal realita sareng logika.
Panginten sakitu pamendak ti abdi. Ieu mah mung saukur pendapat. Mugi tiasa janten mangpaat. Amin.
Baktos,
Neng Iva
yud! <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
yud! <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten Kang Oman sareng sadayana, sanes bade manjangkeun, tapi bade ngagunakuen hak waler, ngarah imbang 2-2 hehehe...Kang Yaya sareng Bah Willy, saleresna mah inti postingan abdi kamari teh sanes perkawis halal/haramna legalisasi sareng dampak ekonomi vs sosialna. Mung upami MISALNA DILEGALKEUN, kumaha sikep urang (masyarakat) utamana pamarentah ka saderek2 urang nu muslim: naha diantep, naha dihimbau (sapertos usul Kang Yaya pikeun masang spanduk tea), naha dicaram (alias legalisasina teh kanggo nonmuslim wungkul)? Naha kumaha?
Patarosan ieu teh pakait sareng wajibna amar ma'ruf nahi munkar (AMNM), kieu: naha AMNM teh perlu diformalkeun ku pamarentah dina bentuk legislasi (ieu panginten kebaikan yang terorganisasi Kang Oman?), atawa diserahkeun ka individu tea? Kapaur badi upami ku urang diantepkeun, aya anceman yen mun hiji kaum ngantepkeun (teu nyaram) hiji maksiat nu aya di kaum eta, Allah SWT bakal nurunkeun adzab ka kaum eta di dunya ieu nu teu diwiji-wiji nu soleh atawa nu teu soleh, alias nu judi jeung nu teu judi keuna. Keun we da di aherat mah nafsi2.Janten sapuk lah aya untungna legalisasi judi teh. Mung salangkah kapayun, naha peryogi pamarentah ngadamel suprastruktur peraturan keur palakuna oge. Misalna ieu mah: pikeun mulsim tetep haram; atawa MISALNA muslim meunang judi asal geus boga panghasilan sabulan minimal 10 juta; atawa khusus muslim nu hayang judi maksimun judi 20% tina gaji. Janten salian dilegalisasi, aya oge perangkat hukum pikeun mere koridor (sakaligus ngajamin) hak tiap individu pikeun milih. Koridor ieu diperlukeun pikeun ngaminimalkeun dampak sosial tina tindakana muslim nu resep judi tea.Kaduana, naha kedah ngangge cara kontroversial siga kieu pikeun 15Trilyun sataun? Indonesia tiap taun bayar bayar bunga hutang LN 90Trilyun. Saha nu "menikmati"? duka tah tapi nu kudu bayar mah rahayat! Taun kamari Argentina sukses menta dihapus hutangna Rp600Trilyun, presidena meni ngagontawang: "Kami geus teu bisa mayar hutang, sayah teu hayang meres rahayat kula pikeun mayar ka anjeun (IMF & WorldBank) nu geus nyata2 sugih!".Kunaon Indonesia teu merjuangkeun menta dihapus hutang tibatan neang nu kontroversial? Pan urang teh hiji2na bangsa nu can kaluar tina krisis 97, na geuninga malah mandar LSM eropa (EURODAB) nu ribut menta dihapuskeun hutang urang. Ari urang Indonesia malah cicing2 we! Bayangkeun 90Trilyun per taun pikeun bayar bunga wungkul.....Pamungkas, punten sakedik ka Kang Yaya: "..ameh beres lumpat tina pasualan, jeung katempona alim, soleh, moralis, jeung agamis, wios munafik ge...da sedep!!!" santey we kang, teu peryogi nyerang kualitas personal da ieu mah da diskusi sanes debat kusir. Sareng saha nu tiasa nganilai hate batur? boa2 leres batur nu teu panuju kana legalisasi teh (enya PKS tea) boga alesan ilmiahna? Nu dituduh can tangtu munafik, nu nuduh geus keuna hiji kagorengan, lebar Kang.Mangga lajengkeun da ieu mah panutup, punten bilih aya nu kirang sae dina ucap sareng kecap.Baktos, Yudi--- In [email protected], Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]...> wrote:
> Sapuk kang Waluya, kuring sapamadegan...
>
> Moal bisa urang ngomong kieu ka bangsa sejen:"..di nagara kami mah euweuh lacur, euweuh judi, sabab dilarang ku pamarentah jeung agama....". Ceuk saha?..omsetna lewih badag batan dinagara nu dilegalkeun deuleu!!! di Malaysia diatur pamarentah, omsetna leuwih leutik batan di Indonesia yang agamis dan moralis sekaligus koruptorrisss.
>
> Tong tong kukulutus siah mun jelema nu loba duit ngamonyah-monyah duitna di X-mas island, di Bukit Genteng, di Thailand, tong kukulutus siah mun duit urang diangkutan kanagara sejen....bongan sorangan teu dibere tempat jeung jalan di nagarana....karunya nya duit urang sumebar di batur....di urang mah mangga bae nyetakan artos...sanes ngahasilkeun atawa muterkeun artos.
>
> Judi-lacur, goreng siah deuleu....tapi diantara nu goreng teh aya nu mending sanajan tetep goreng. Da geus puguh teu bisa dilarang, tong boroning ku nagara (ku manusa), geuningan dilarang ku Allah ge anger bae. Lacur, liar (teu dilokalisisi), teu di kontrol, teu unggal 3 bulan di cek awewe nu icalan "software" na, tong gegelendeng siah mun aids, gonorhoo, jeung sajabana sumebar teu katangen teu kapalire, tong gegelendeng siah mun diantara kulawarga anjeun kakeunanaan...bongan teu dikontrol teu dilokalisasi..geus puguh lacur teh teu bisa dilarang. Judi, beu judi, hese deuleu, nyeta atuh mun teu disengker lewih awut-awutan dampak sosialnateh, nya kedah nyadar atuh hese diwagelna, kusabab hese diwagel nya kedah diwadahan sangkan teu nerekab, da geus puguh moal tiasa dihulag.
>
> Lacur jeung Judi teh siah duduluran jeung narkoba, mahabu siah narkoba di urang teh, tah kumargi judi sareng lacur teu duurus-teu dilokasir...nerekab siah deuleu narkoba teh....cik barenta atuh..ulah api-api teu nenjo euweuh lacur-euweuh judi nu duanana mangrupakeun sayang narkoba, cobi mun tempatna diatur diawasi, dititenan, diparios....sahanteuna bisa katangen tah dampak teh......teu kaharti nya omongan uing??? hese nya??? enya hese...nu mawi mending nyebat teu satuju kana lokalisir jeung legalisir judi teh nya .... ameh beres lumpat tina pasualan, jeung katempona alim, soleh, moralis, jeung agamis, wios munafik ge...da sedep!!!
>
> Sanajan aya di Arab, nu goreng mah goreng, ningan loba TKW diperkosa, sanajan aya di Holywood tempat Bo Derek ngadengkakeun pingpingna, geuningan aya keneh nu alus buktina loba artis Holywood nu marere duit ka korban Aceh. Tah kitu oge, dipasantren ge sok aya nu goreng,atuh kitu deui di lokalisasi sok aya nu alus sanajan saeutik.
>
> Lokalisasi jeung legalisir judi teh maksudna keur nyengker meh teu nerekap, meh kaatur sangkan ulah siga kanker nerekab kamana-mana. Enya goreng...goreng pisan uing ge satuju pisan...ngan nyaeta teu bisa dilarang teu bisa disingsieunan...mendingan disengker-diwadahan sangkan dampak sosialna katangen......
>
> Mun teu kop ku ilaing halangan...ningan fatwa ge teu bisa ngahalangan.....
>
> ah enggeus..ah....
>
> KangYa
> Tungtung Seoul
--------Yudi,engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Sports - Sign up for Fantasy Baseball.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

