Hehehehehe... kang Yud lan kang Dur sanes pundung abdi mah.... malah mah teu niat-niat acan .
leres kasauaran bah Willy beda pendapat mah biasa. ngan abdi mah alim di sebat munafik, upami janten jalma anu soleh mah eta cita-cita ngan teu acan dugi kadinya mah hehehe...
moralis sareng uyah kidul....? abdi mah teu rumaos dagang uyah upami teu uyahan mah abdi ngacung....
 
cag ah urang tutup dugi kadieu jejer perjudian ayeuna anggur mah urang maos keom sakedap na kang Syam
 
kang Syam .... mangga di lajeng
 
Baktos / Kamal
 
----- Original Message -----
From: yud!
Sent: 01 April, 2005 1:56 PM
Subject: [Urang Sunda] Judi Ali sadikin jadi pundung :)

Heuheu, Leres Kang Dur, leres oge Mama ManAR, kedahna mah ditutup ti kamari panginten.
 
Kanggo Ka Kang Kamal, teu kedah pundung Kang, Bah Willy meni tos ngageungkeun hate yen biasa dia diskusi mah siga kieu teh.
 
Kang Kamal leres da memang urang kedah jujur yen prostituti, narkoba, judi, jrrd teh panyakit masyarakat. Estu leres, da eta mah jujur. Sikep jujur ieu nu jadi cikal bakal sikep urang kadituna: ngubaran jeung ngajaga batur sangkan ulah keuna eta panyakit. Tah didieu Kang Yaya leres, ulah ku lantaran boga panyakit terus jelma2 eta dianggap kotor dihina2, dijauh2. Mun kitu atuh moal cageur-cageur meureun.
 
Analogi kenging "mulung pangarti rerencangan" (istilah Kang Cecep) kieu, mun aya tatangga gaduh panyawat AIDS. Naha ku urang ditutup2an & dibebenjokeun yen ah AIDS teh lain panyakit? Atanapi urang jujur ngabejaan ka jalma eta yen AIDS teh panyakit. Pait memang tapi geus kitu hayu bareng2 bantuan cageurkeun, dideukeutan, digedehatekeun, ulah dijauhan, digeuleuh2. Kitu panginten
 
Dua2na leres alias teu lepat, mung benten tataran wungkul, janten teu kedah parundung, :)
 
Sok mangga teraskeun (pundungna) hehe
Yudi
PS* Kang Dur, haturnuhun DA Vinci Code-na, Kenging timana Kang file doc-na? Kumaha Hak Ciptana yeuh?


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke