Nu bakal beunghar mah dina taun 2300 teh sigana janggawareng, udeg-udeg, bao, gantung siwur turunan sim kuring lantaran di inyana aya buku basa Sunda, aya Kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg anu terbit 1862 ( kabeneran boga aslina), Priangan FW de Haan anu terbit 1910 4 jilid (kabeh ge aslina), Kamus Walanda-Sunda Colsma 1911 (asli alus keneh deuih) Ensiklopedi Sunda Ajip Rosidi, Sri Panggung, Carmad, Purnama Alam, Panji Wulung, Rengganis, Lain Eta, Si Kabayan Jadi Dukun, HHM jeung karyana, jste.buku sajarah ge aya.

Sabab eta buku-buku teh bakal disebut “antiquariaat” , buku kitu ceuk cenah mah ayeuna ge geus mahal, komo engke taun 2300 perkara basa Sunda dina taun 2300 aya keneh atawa geus ilang, buku buku eta bakal tetep mahal.

Meungpeung ayeuna mah taun 2005 keneh bilih bade maca buku-buku Sunda mangga arameng ka rorompok sim kuring, majalah heubeul kayaning Parahyangan, Sunda, Gondewa ge aya, mung majalah teu seueur ketah tamba kawaranan mah cekap lah

 

Baraya,….sim kuring bade ngical hiji buku anu judulna Jean Chretien Baud anu terbit taun 1880an pangarangna P.Mijer basa Walanda upami ditingali dina salah sahiji situs ti Walanda hargana teh 1200 Euro, di sim kuring mah cekap 700 Euro bae.

Dina ieu buku nyabit nyabit Bogor jste (ma’lum basa Walanda sim kuring mah nu apal teh ukur mooi wungkul), bilih palay uninga saha ari Jean Chretien Baud mangga we dipilarian dina Google.

 

MSasmita

 

 

 

-----Original Message-----
From: Ganjar Kurnia [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, March 29, 2005 11:53 AM
To: [email protected]; [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Taun 2300

 

Dina buku sajarah terbitan taun 2300, aya hiji kalimah anu kecapna kieu: " kacaturkeun ...... di wewengkon anu kiwari disebut Jawa Barat, kungsi aya hiji sekeseler <suku> anu ngaranna SUNDA, anu kiwari tos teu aya dikieuna, alatan anggota masarakatna teu mulsara  warisan budayana.


 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke