Aduh enyaan sim kuring ge ngiring pegel hate, asa dicodet rarasaan teh. Geuning ruruksakan teh teh panjang ti taun 80an. Aya nu tiasa ditingal tidieu yen boh masarakat boh inohongna geuning deet, mun teu disebut teu paduli. Tapi nu ieu mah sigana tos lapur nya. Nu kudu dijaga mah tangtosna nu masih aya.
Emut ka Kang Kumi kantos di HS, Kang Kumi punten buku daftar titinggal/arkeologi di tatar sunda edisi panganyarna teh abdi tiasa pangngopikeun? Pami tiasa pang ngopikeun/pangnalangankeun, ke kuabdi disampeur. Ke mun tos aya urang badantenkeun naon nu kuurang tiasa ditarekahan. Pami teu lepat mah ieu salah sahiji hasil sawala di HSnya?
salam
jalakpakuan
Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeung Kang Yayan....Kantos sim kuring ka Pasir muncang basa keur taun 2000. Emut simkuring mah mun urang bade ka Arca Domas urang kedah mapah ti terminal Pasir Muncang ka tonggoh, engke nepikeun satutung jalan aspal diteraskeun ku jalan taneuh tapi mobil tiasa ngalangkung, disisi jalan teh kebon sampeu hungkul, engke caket bates kebon sampe jeung kebon teh (sateuacan makam tantara jerman) beulah katuhu disisi jalan aya tangkal gede jeung aya batu nu rada rubak dihandapeunana, nu lebet ka kebon sampeu.Basa taun 1984 eta taneuh masih keneh mangrupakeun situs, aya patung ganesha, monyet leutik jeung parabot nu sanesna ngurilingan si batu. Ceuk carita masyarakat didinya, eta patung jeung parabot situs didinya dicandak ka kantor desa,make alesanana keur "diamankeun" ceuk aparat teh, tapi kabeulah dieunakeun eta patung jeung parabotna ditawis kuurang asing (duka bangsa naon), nepikeun ka kiwari parabot situs tos teu aya wartosna deui (sugan tos aya di musium di New York kitu ?). Sedih pisan eui....Katambah nu nyieun sedih simkuring, ayeuna lokasi situs teh parantos janten kebon sampeu jeung bedeng pangarapna. Kaleresan keur taun 2000 kuring tepang jeung nu ngarap, teras kuring naroskeun kanu ngagarap eta kebon, "Kang....kapungkur didieu teh aya situs kuno ayeuna kamana " ceu kuring. " Aduh maaf yah saya kurang tahu, abis saya orang baru disini" ceuk manehna. "Emang akang dari mana ?" interograsi kuring (jiga FBI wae) " Saya mah dari wetan" ceuk manehna, "Euleuh aya prajurit majapahit nyasab kadieu" jero hate teh. Eukeur mah sedih katambah tepang jeung semah, atuh puguh sakalian carekan wae ku kuring "Ini kebon punya akang ?", " Iya pak", " Mas dapet dari siapa ?" carek kuring, "tadinya ini tanah kosong karena tidak dipake saya tanami aja sama singkong " bari manehna katinggalna sieun disangkan kuring pegawai BPN meureun, " Akang tau tidak kalau tanah ini milik negara terus tanah yang akang garap ini adalah situs " ceuk kuring. " Maaf pak saya mah tidak tahu, saya cuma ikut-ikutan jarah sama dengan yang lain" ceuk manehna. Memang wewengkon desa pasir muncang teh tilas afdeling Cikopo Selatan nu tos di bubarkeun tahun 1981 matak ayeunamah taneuhna dijarah ku masyarakat. Matak teu aneh di jaman kiwari di tengah kebon teh Gn Mas aya kandang hayam milik pribadi.Janten inget masalah tanah di tatar pasundan mun dietang-etang parantos opat kali dijarah secara sistematis, kahiji basa keur nasionalisasi, kadua di kaluarkeun PP 32 th 63 mengenai landreform, katilu PP 10 tahun 1978 perkawis perkebunan swasta di Jawa barat, Kaopat mangsa ayeuna jaman Repotnasi nu ku presiden diheugkeun ngajarah, urang desa dipropokasi ku urang kota. Anu pang rusakna mah di Jawa Barat khusuna, umumna di Jawa, lantaran di Jawa mah teu aya tanah adat, sabab walanda mah nyaho ! US mah tidak ekspansif jeung ribut antar suku, ti jaman kapungkur nu sok mawa ribut jeung ngaruksak mah biasana semah lantaran "melak"na sok bari jeung maksa, ieu mah melak naon wae rek melak tatangkalan (janten emut ka "tangkal pinusna" Mang Oman A) atanapi "melak" pangaweruh di Parahiyangan ieu nu leuwih bahaya. Mun rek diomong mah memang aya wae batur nu kalakuanana kirang sae nu ngaruksak lembur nu kantos janten pajabat nagara.Upami dikalereun Arca Domas aya Arca Manik, kalebetna kana wewengkon afdeling Megamendung, ieu oge tilas perkebunan Megamendung nu tos dibubarkeun 1980an mun teu lepat 600 Ha legana. Sami Arca manik teh tilas situs, ngan nu ieu mah tos dikuringan ku bumi penduduk."Cucruk galur nu kapungkur nu diruksak ku batur""Papay lacak nu bareto di digadabah ku semah."Batur teh aya batur selembur, samasjid, saimah, sasumur jeung sakasur.......nu sok mamawa semah....hahahahahaTos heula......cangkeulTAJIMALELA----- Original Message -----From: Yayan MulyanaSent: Thursday, March 24, 2005 6:50 PMSubject: [Urang Sunda] ARCA DOMAS DI DESA MUNCANG BOGORAss wr wbBsa dinten kamis ping 23 maret si kuirng jeung kang hendra ti Hanjuang Bodas Bogor umprak-umprakan. Tadinamah hoyong nalika ngeunaan tempat arca domas di desa muncang bogor. Si kuring jeung Kang Hendra angkat ti bogor naek angkot ciawi 01 teras naek jurusan muncang aya meureun 30 menitan. Tidinya turun di pasar muncang, nya bari tatanya ka nu kenalan nu aya di wewengkon eta desa. Ceunah mah mun urang inditna teu make mobil alias leuleumpangan aya kana 5 km. Si kuring jeung babaturan maksakeun bari ningalian eta wewengkon nu aya di suku gunung Pangrango. Da emang Tanah Sunda mah gaduh kalewihan ti Maha Kuasa ku gunung na, jeung eta kaayan alam Gunung teh meni aheng, Didinya sikuring papanggih jeung kolot nu geus ti kebon. Ceunah baheula mah eta wewengkon teh keobon teh teras digentos janten kebon kina, tapi ayeuna janteun kebon HGU (Hak Guna Usaha). Teu kungsi lila kuring manggihan eta Arca Domas teh, bari nepungan nu mulasara nyaeta Wa Emas jeung anakna teh Euis. Ceunah baheula mah aya keneh batu nu disebat Arca teh tapi ayeunamah ngan ukur jadi pamakaman Urang Jerman. Malihan didinya teh tos dipeser ku Duta Besar Jerman, kulantaran pamakanan eta teh aya prajurit jerman anu gugur mun teu lepat mah aya 10 prajurit sadayan teh pupus taun 45-an, anu aya namian aya 8-an nu teu acan ka uninga aya 2 an.Jeung eta prajurit teh aya pangkat letnan, opsir, jrd. Tah tiap sabaraha taun sok aya urang jerman ka ua emas teh. Tapi ku hanjakal si kuirng teu nepungan batu Arca Domas tea, ceunah basa ngobrol jeung kolot nu tos di kebon eta batu baheula aya batu pantun, batu kacapi tapi tos dicandak ka pemda jeung duka kamana deui. Tah meureun ku hanjakalna kuring teu tiasa teurang sasakalana Arca Domas Di Muncang eta ka ua Emas, lantaran teu teurangeun. Punteun panginteun eta teh janteun PR urang kusabab kamari oge samemehna si kuirng basa ka Cileueur manggihan oge tapak suku tinu batu jeung aya batu dakon, teras ceuk nu mulasara eta wewengkon baheula aya seratan kuno tina eta batu tapi aya tos ical kulantaran ka erosi ku cai. Tah panginteun eta ngan conto 2 kasajarahan urang panginten nu hususna ti Bogor , jeung masih seur keneh paninggalan ti bogor teh aya kana 300-an nu teu acan kapalire." Mun teu kuurang Kusaha deuiMun teu ayeuna iraha deuiNgamumule budaya jeung paninggalan karuhunPan ceuk beja Hiji Nagara teh moal gede mun euweuh Sajarah"WassalamYayan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

