Ari si kuring mah nyikepan posting munggaran jejer ieu ti Kang ganjar teh salaku pepeling atawa panginget-nginget. Yen upama urang heunteu hudang jeung singkil nembongkeun jajaten jeug usaha anu soson-soson ayeuna tug nepi kaktu harita enggoning mulasara budaya Sunda, tangtu dina tahun 2300 teh budaya Sunda baris taya dikieuna.
 
Hal anu sarupa kungsi kaalaman ku si kuring waktu perang sabil na hate nalika narima beja yen Gn. Guntur arek bitu dina bulan Februari 2005 (ramalan atawa pangemut- dina wanda anu sajalur jeung anu ti Kang Ganjar ngeunaan budaya Sunda taun 2300 - ti hiji Kiai di Garut). Perang sabil antara naha eta beja teh terus disalabarkeun ka warga US ngalangkung internet atanapi disidem bae gayeumeun sorangan. Kalayan pamikiran yen eta ramalan kiayai teh mudah-mudaha aya hikmahna, nya lah-lahan bae disalabarkeun. Diantara anu jadi hikmah anu diharepkeun teh, sugan bae ku ayana eta warta/iber atawa pepeling panginget-nginget, sakumna urang Sunda - dina heunteu sadayana oge atuh sabagean gedena - usaha lahir batin sangkan eta kajadian teh heunteu tulus atawa dina tulusna akibatna heunteu pohara teuing (heunteu patos seueur korban).
 
Masih soal ramalan bituna Gn. Guntur nu kasebut di luhur. Kabuktian, Gn Guntur heunteu bitu sakumaha anu diramalkeun /diiberkeun samemehna ku ajengan tadi. Tapi teu nanaon, da taki-taki - lahir batin - eunggeus (mudah-mudahan bae kitu). Atuh cenah eta kadar nyalahan? ah teu nanaon da teu matak ngabaribinan atawa ngagareuwahkeun lantaran sifatna : ngiberan ti kaanggangan. Kana ramalan atawa pepeling samodel kieu mah nya si kuring teh miresepkeun, tapi ari kana rumu-ramal angka mah nya sakumaha Kang Kumi...hehehe...teu pati percaya.
 
Upami aya patarosan: "Naha tiasa alam handap mangaruhan "alam" / anu di luhur/pangluhurna dugi ka hiji "rencana" kajadian  tiasa robah jadi heunteu kajadian atawa ngurangan kadar kajadianana?" . Ieu patarosana merlukeun guaran panjang lebar pikeun ngajawabna. Namung, upama dibantun ringkesna, jawabanana teh : TIASA. Pangeran parantos ngabagi "taqdir" - garis ageungna- kana dua bagian: 1) "taqdir" anu definitif moal bisa dirobah (makhtum), upamana: sakabeh anu nyawaan baris ngalaman maot, 2) "taqdir" anu indefinitif atawa masih keneh bisa dirobah atawa "ghoer makhtum": upamana: gering atawa cageur,  gampangna urusan rizki, carana maot, jst.
 
Kunaon dina dua keterangan di luhur eta kecap taqdir make tanda curek ("taqdir")? sabab satemenna, sakumaha dina Al-Qur'an, aya istilah-istilah khusus pikeun rupa-rupa tingkatan papasten atawa taqdir. Ngan kusabab merlukeun katerangan anu tangtu baris nyontang waktgu jeung tempat anu panjang dina ngajelaskeunana (bari sabagean gedena mah, ketang, sieun loba teuing salahna bae anu nerangkeunana, nya disingket bae: "taqdir".
 
Sakitu nebana...patulayah dina Al Qur'an anu nuduhkeun yen manusa dipaparinan kasempetan - ku kakawasaan-Na jeung katangtuana-Na Pangeran - pikeun nangtukeun nasib dirina sewang-sewangan, geus teu kudu dicaturkeun deui. Malahan aya sari-sari "pembodohan" upama aya aliran dina agama anu sagemblengna masrahkeun urusan "taqdir" ka Pangeran, siga anu embung tanggungjawab tea.
 
Rupina, dina takeran sakumaha katerangan anu rada panjang di luhur si kuring nyikepan pepeling Kang Ganjar ngeunaan (arek kumaha nasib urang Sunda) Taun 2300. Mung Alloh anu uninga kana benerna bebeneran.
 
baktos,
manAR
 
 
 
 
 
 
 


kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Wahahahah....,

Enya bae, tong boro jaga abad ka-24, ayeuna ge geus pijugalaeun Si Uwa mah.

Ke ke... kahirupan abad ka-24 teh kumaha nya? Tong boro ngomongkeun
urang Sunda nu "leutik", Indonesia aya keneh kitu? Alam dunya ieu
masih keneh siga kiwari kitu? Boa-boa geus euweuh wates nagara, saalam
dunya geus hirup waluya bari runtut raut sadayana. Atawa geus tinggal
tutunggulan balas sakitu kali perang dunya?

ti hiji mekar ngarangkadak jadi rewuan, geus ngarangkadak ngariut deui
jadi hiji. Hidup Persigar!

sk

On Apr 2, 2005 1:53 AM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> Nu bakal beunghar mah dina taun 2300 teh sigana janggawareng, udeg-udeg,
> bao, gantung siwur turunan sim kuring lantaran di inyana aya buku basa
> Sunda, aya Kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg anu terbit 1862 ( kabeneran
> boga aslina), Priangan FW de Haan anu terbit 1910 4 jilid (kabeh ge aslina),
> Kamus Walanda-Sunda Colsma 1911 (asli alus keneh deuih) Ensiklopedi Sunda
> Ajip Rosidi, Sri Panggung, Carmad, Purnama Alam, Panji Wulung, Rengganis,
> Lain Eta, Si Kabayan Jadi Dukun, HHM jeung karyana, jste.buku sajarah ge
> aya.
>


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/





Yahoo! Messenger
Show us what our next emoticon should look like. Join the fun.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke