Togel (Toto gelap) ayeuna di urang nerekab ka ka kampung-kampung, 
persis di jaman SDSB jeung Nalo jaman baheula, bedana teh ari ayeuna 
mah henteu terang-terangan nu ngajualna, tapi ari penggemarna mah 
jiga kapungkur we. Kamari poe minggu kuring ningali tukang ojeg 
keur "ngarumus" angka, persis jaman SDSB, aya lembaran ramalan 
sagala. Kitu deui waktu kuring di Tanjung santan Kaltim, harita teh 
pas bulan puasa, loba jelema tingrariung, ngabuburit bari "ngarumus" 
terus mareuli nomer ka "agen" nu budak keneh ngakuna masih di SMP.

Nu misterius teh cukong nu ngamodalanana. Duka saha, jeung pasti aya 
jaringanana nu cukup ruwet, da judi jiga togel mah managemenna beda 
jeung judi nu dilokalisir. Judi jiga togel perlu agen (nu ngajual 
jeung mayar anu meunang). Naha Togel nu di Medan aya hubunganana 
jeung Togel nu di Bandung atawa tempat lainna, masih tanda-tanya. 
Jadi Togel di urang mah jiga jurig .....misterius.

Waktu editorial Media Indonesia disiarkeun di MetroTV jeung, aya nu 
nelepon ka MetroTV, nuduh undian via SMS dina televisi oge kaasup 
judi, kulantaran tarif SMSna oge leuwih mahal beda jeung biasana. 
Cobi we upami aya nu ngaSMS, dugi ka sajuta urang jeung tarif SMS Rp. 
2000 (tarif khusus keur undian), meureun hasilna oge dugi ka 2 milyar 
ari hadian undian paling-paling kurang ti saratus juta, geus sabaraha 
tah untungna?  

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], "Budhi Setiawan" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Teu diwartakeun di tempat judi anu memang disadiakeun keur judi 
mah, ari di urang mah karek keur ngumpulkeun kawani, naha rek 
ditumpes.. pes .. pes .. atawa rek kumaha ? Wallahualam.
> 
> baktos,
> budhi
> oritate permai






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke