perkawis saha nu mimiti nulis/nyieun ngaran kar/peta/map di nusantara
make ngaran Sunda Besar, Sunda Kecil, salah sahiji nu kapanggih ku si
kuring kieu:

urang Eropa nu mimiti wani ngulampreng ka beh dieu teh, mun teu urang
Spanyol nya jeung Portugis. Spanyol nepi ka filipina. portugis ka
urang. magelhaens tea.

sigana, jaman harita, maranehna atawa rombongan ekspedisi samemehna nu
nyarieun kar/map/peta teh. da ari bule harita mah, kitu. bari mikiran
kumaha balik, maranehna nyarieun gambar pulo nu kapanggih, make elmu
geografi nu harita aya. 

ceuk cenah, harita, atawa beh ditu, basa maranehna (peluat bule) nepi
ka urang, di urang/nusantara, keur ibur carita, sabiwir hiji, kajadian
gajah mada tea nu codeka ka karajaan galuh/sunda. Raja Linggabuwana
oge karajaanana (Sunda) keur dicararitakeun dimana-mana di nusantara
salaku raja nu belapati ngajaga hargadiri jeung kahormatan.

ku para pelaut bule (utamana juru gambar) nu keur ngagalambar nyarieun
peta/kar pulo-pulo di urang, ngaran Sunda di pake pikeun ngaran
jajaran pulo, enya, Sumatra Jawa Borneo Celebes, disebut Sunda Besar.
Sunda Kecil (aslina mah meureun basa portugis atawa spanyol), pikeun
pulo2 nu leuwih leutik ti batan nu asup Sunda Besar.

peta/map/kar eta terus disampurnakeun ku penjelajah beh dieu, utamana
dina rupana hiji pulo, ari ngaran-ngaran Sunda Besar Sunda Kecil na
mah angger, jadi standar malah sadunya, nu make kar/peta/map eta.
pulo-pulo oge loba nu dibere ngaran beunang maranehna, siga Sulawesi,
maranehna nyebut Celebes, Kalimantan, disebut Borneo.

Sunda Besar jeung Sunda Kecil teh mangrupa cara kategorisasi bule
pikeun pulo-pulo nu aya di urang. nu galede, Sunda Besar, Nu leutik,
Sunda Kecil, petit Sunda meureun ceuk urang prancis mah.

ari perkawis saha jeung tauna mah, mangga we kira-kira heula, perlu
dipaluruh deui. tapi carita eta, bisa jadi hiji bahan ngadu bako.






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke