Emut kana SDSB teh sok era ka diri sorangan,
aya tatangga, ibi-ibi dokoh pisan kana SDSB teh meh unggal minggu masang. Era na teh Indung kuring ka babawa ku eta tatangga da sok di ojok-ojok sina meuli.Nya tungtungna meuli nomer buntut, mending mun meunang da teu meunang.
Kedahna mah Indung anu kudu jadi conto kalahka meuli nu kararitu. Kuring sorangan sok dititahan ketang ku si Geng-na lanceuk kuring(salahsahiji aya anu resep masang SDSB; masih SMA manehna teh harita ). "Jung meser SDSB ke dibere cicis" kitu ngolona teh, nya ber wae  lumpat bari jeung ololeho keneh, meuli SDSB di gigireun lapang Sukaratu da hayang buruhna.
Ari tatangga anu bapa-bapa, dibelaan ngendong ka kuburan jeung neangan cau anu rek kembangan. Cenah mah sok aya dina jajantung cau anu tengah peuting pas mekar nomer buntut teh. Teu ngarti dinomeran ku saha?
Aya kulucu lalampahan baheula keur zaman SDSB. Mun ayeuna aya rek nyobaan sakali mah meh teu panasaran. Tapi moal nepikeun ka ngendong di kuburan da sieun, tong boroning ngendong liwat oge ka pakuburan sasat teu ngabecir lumpattttt......borangan.
DS

"md. friady" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tapi gara gara sdsb aya tukang beca jadi apal kana aksara..


http://jatigede.bravehost.com/


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke