Muhun kuncen, abdi oge usul.. upami file2 gambar wae mah atu di aplod wae teu kedah ditangkodkeun, sakapeung ari muka imel teh los deui ka "page canot be displayed" (situs nanahaon eta ?) ari ditingali tos 319 imel dina koropak inbox.
 
sanaos imel abdi haratisan, hoyong we atuh ngaggo pop imel mah, ambeh teu timu jeung iklan lah janten tiasa dibuka ku eudora/autluk. Sing karunya atuh abdi mah cacah..... :p
(nepi ka kieuna usul... emhh..)


syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang kuncen#3, uing usul yeuh kumaha mun nu sok ngirim attachment baradag di
moderated oge, atawa sakalian we atuh diperbodenkeun utuc-atac teh.

Sanes nanaon pan rahayat kusnet teh teu sadayana online terus sapertos uing
mun bade noong kedah dayel ap heula, nganggo imel haratis deuih, janten pami
aya nu bebeledugan ngirim attachment teh sok humaregung jerit jengkling
sapertos ABG katincak buta. Antukna boncing.

Emut teu kapungkur? aya si Abah anu sok rajin ngadalang didieu, linggihna
asana mah di Balikpapan, apan dugi kaayeuna pundung gara-gara sakadang utuc
atac.

Usul deui, mun sakirana penting eta utuc atac teh tur kedah bin wajib
kauninga ku rahayat kusnet, teu kedah didedetkeun kadieu, pan tong rahayat
kusnet teh benten benten aya nu ageung aya nu alit, aya nu tongna alit tapi
siotongna ageung, tah palebah tongna nu alit bisa barabe.

Kumaha mun lebetkeun we atuh ka goah, pan urang teh tos gaduh goah di
urang-sunda.or.id lin ? tah kantun bewarakeun we yen digoah tos aya kintunan
gambar atanapi naon wae, anu hoyong mangga longok anu teu hoyong mung nampi
bewarana wungkul anu sauted.

Enya ieu mah mungukur usul, da tos kabuktian imel nangkod teh (attachment)
sok ditangkodan VIRUS ngan nyaeta mun teu dibuka teh sok panasaran, sapertos
papaisan mun can dibuka teh sok geretek ateul.

Moal kapapanjangan ( padahal geus ngagebay) nya nu  satuju mangga ngacung,
anu teu satuju poma ulah ngacung komo ramona bari diutak utek tur digoyang
goyang kaluhur sareng kahandap ( kacian deh luh).

Hatur nuhun,
SR

----- Original Message -----
From: "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, April 04, 2005 1:38 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] (kuncen #3) lucu dikit--usul
> Sumbang saran ti baraya sadaya tangtu bakal jadi perhatian & bahan
> pikeun ngokolakeun ieu rohangan sangkan bisa leuwih mangpaat pikeun
> sadaya.
>
> isk



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke