Kuring siap kang lah, ngan teuing jadi naon nya, alah jadi naon wae lah siap....
sok kadieukeun.

HALIK KU AING !! :)

On Apr 4, 2005 11:06 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Baraya,
> 
> Kuring rek neruskeun ngawangkong garapan Poesaka
> Soenda (PS) tea, nu kamari didongengkeun. Rencana ka
> hareupna, salah sahiji udagan teh, ngadokumentasikeun
> PS jadi wujud eBook, nu genah dibaca boh make PC atawa
> PDA. Ieu garapan teh aya ajen sajarah jeung akademis,
> nyaeta bisa oge dipake pikeun panoongan balarea, boh
> keur panalungtikan oge pikeun nambah luang.
> 
> Pikeun ngahontal ieu udagan, jigana kudu dirempug ku
> balarea. Tibatan rempugan gelut jiga budak sakola di
> Jakarta, urang mah mending ngarempug PS nya. Hehehe.
> Kunaon perlu dirempug? Sabab ieu naskah teh kawilang
> gede, terbit tilu bulan sakali ti tahun 1922-1927, aya
> lengkep. Ku kituna perlu rempug jukung balarea. Ngarah
> ginding ieu tim rek dingaranan Poesaka Soenda "Dream
> Team".
> 
> Keur saheulaanan, ieu pasukan nu geus sadia:
> 
> Panyadia Bahan:
>    Ganjar Kurnia, [EMAIL PROTECTED], Paris, Perancis
> Juru Scan:
>    Rudi, [EMAIL PROTECTED], Abu Dhabi, Uni Emirat Arab
> Juru Duum:
>    Ki Hasan, [EMAIL PROTECTED], Mantin, Malaya
> 
> Rengrengan Transkripsi:
> 1. Zamhur PAKUSARAKAN,
>    [EMAIL PROTECTED], Jakarta, Indonesia
> 2. Iyan,
>    [EMAIL PROTECTED], Batam, Indonesia
> 3. Panzi,
>    [EMAIL PROTECTED], Batam, Indonesia
> 
> Eta tim teh tangtu masih kurang. Ku kituna, ka baraya
> sanesna, mangga diantos kasayogianana. Numutkeun
> panoongan, baraya Sunda di jagat maya teh aya ratusna,
> boh nu di UrangSunda, KiSunda, GankLeboy, BarayaSunda,
> oge US-di-US. Jigana upama seueur nu ngarojong, ieu
> garapan teh lain gawe nu pamohalan.
> 
> Salam,
> MH


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke