sigana, soal ayana kasta basa atawa kelas dina bahasa/basa mimiti aya, ti
saprak jelema baroga sistem hirup, boh budaya boh agama. sabab aya nu
leuwih kuasa ti jelema loba, raja atawa panglima, patih jeung sajabana.
kitu deui dina agama, aya pangeran nu leuwih kuasa ti kabisa jelema. nya
pastina dina basa oge milihan mana nu pantes jang raja, oge pangeran boh
dina ngadu'a atawa muja.

di urang, basa sunda boa jawa oge sarua, pikeun nabi Muhammad, tara
langsung nyebut namina, tapi make heula kanjeng Nabi. ka Alloh (Allah),
sok ditambahan ku Gusti, jadi Gusti Allah, atawa Gusti Alloh. Malah bakat
ku ajrih, sieun atawa cinta, namina jarang disebut, cukup ku pangeran.
sanajan di budaya sejen, pangeran teh ngan ukur anak raja, sigana tina
prince ti inggris. tapi ari crown pince mah tara disebut pangeran mahkota,
tapi putra mahkota. kitu deui, Gusti. urang kalimantan, artis jeung
pengacara, ngarana Gusti Randa. sigana Gusti ieu niron ti menak urang
Bali.

di jawa tengah mataram (asana oge kraton cirebon), aya barang nu dianggap
karamat sabab parabot raja, sok make kyai. gamelan, delman, jeung
sajabana, asana marake sebutan hareup kyai. hehe.

mun teu make tambahan heula dina nyebut ngaran pangeran atawa nabi, semu
calutak. eta kitu oge titerapkeun ka inohong baheula oge ayeuna. Her
Excellency, His excellency, Yang Mulia, jeung sajabana. Paduka oge.

basa Inggris pikeun pangeran, God atawa Lord. Lord ieu aslina mah
dilarapkeun ka jelema bangsawan atawa kabupatenwan. malah di agama
tatangga mah, nu sarua asalna ti timur tengah tapi dipermak ku urang
Italia-Roma, sebutan lain ka pangeran teh apan Father. Bapak di Surga. sok
hayang nanya (ngan karunya): mun bapak di surga, indung dimana? kuring mah
teu sudi abrag-abragan mun indung di naraka. ieu sigana asosiasi atawa
make sebutan basa jelema pikeun pangeran. sabab bapa tangkal darajat tea.

enya, di nagara feodal/karajaan eropa rahayatna hirup egaliter alias
demokratis. tapi angger aya kecap-kecap pikeun raja/ratu, ku cara
sebutan/ngaran atawa tingkah laku. gening sok noong dina tv, bule/istri
ngahormat ratu teh sok nikelkeun tuur sabeulah. sarua meureun jeung dongko
cara jepang. di urang teu saparah di jepang, ka saluhureun/kolot cukup ku
unggek tanda hormat. ratu inggris sok mere gelar ka sing saha bae nu
jeneng, Sir. Sir Mick Jagger. Sir Aru. Sir Eum.

tadi peuting dina tv aya warta, pupuhu umat katolik sadunya, pupus. di
indonesiakeun -nu bentes mah di pulojawakeun- make ngaran Sri Paus. Sri
ieu meunang nginjem ti budaya Sunda-Jawa. Sri Maharaja, Sri Baginda. enya,
aslina mah Cri, boa ti kawi-sansakerta. Sri Kandi, Sriwedari, Sri gala.
Paus oge duka teuing timana, da basa italiana mah Papa, inggris Pope. Paus
dina basa indonesia, nu duka ti mana, ngaran lauk panggedena di laut.

DU'A
 sigana meunang niru ti Arab, pangeran sok make tambahan, Alloh SWT.
subhanahuwata'ala. Nabi oge sok make tambahan, Nabi Muhammad SAW
(Rosulullahu alaihi wasallam). sahabat Nabi sok make R.A, asana ti
rodiyallohu anhu (hartina kira-kira,mudah-mudahan Alloh rido ka manehna,
jaba make sayidina dihareup. sayidina Umar, r.a. sanajan ngaran tukang eta
ngan ukur du'a, eta oge geus mangrupa hiji ciri, yen Umar atawa nu sejen
teh jelema luhung,da sahabat nabi. Rachel Maryam Sayidina mah duka tah,
jaba tibalik ongkoh. hehe.


ieu teh duka teuing nulis naon...ngacapruk meureun

mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke