Peryogi kauninga Cisurat teh kalebet daerah genangan proyek Jatigede, malihan SD anu kawartoskeun runtuh ge (mun enya eta)  pernahna disisi walungan Cimanuk jarakna aya kana lima puluh meteran mah. Kumargi kalebet daerah genangan, tangtosna sadaya pangwangun kalebet ngarehab sakola anu aya diwewengkon eta janten teu kapalire. Teu pamohalan hiji waktu bru rubuh. Kapungkur mah, tos teu aneh deui ningal tihang listrik rajeg disisi jalan teu aya kabelan, diantep mangtaun taun, dugikeun ka aya nu ngajengjehe sagala. Alhamdulillah ayeuna mah tos hurung, mung hanjakal sakedap deui bakal jadi sagara kajajaden alatan proyek jatigede nuju dihangkeutkeun deui.
 
SD Cisurat mung hiji conto, saleresna seueur wangunan sakola sanesna anu kondisina sarupi, tikawit Sundulan, Buah Ngariung, Cadas Ngampar dugikeun ka Tomo panginten seueur oge nu teu kapalire, katambih kondisi jalan diantep diculkeun mangtaun taun. Tah eta salahsawios conto nyata diganggayongna proyek Jatigede. 
 
Mun dipikiran terus, enya matak aral subaha, ambek kapegung, komo kang JH mah(Jalak Harupat) sigana neteli, eta we landihan jalak harupat digentos jadi Jatigede hehe. Kang JH mudah mudahan nya mun enya aya musibah eta urang du'akeun we sing teu aya korban.
wassalam,
SR
 
 
 
----- Original Message -----
From: Jatigede
Sent: Tuesday, April 05, 2005 11:14 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] SD Di darmaraja sumedang runtuh

Caket lembur abdi........kira-kira 6-7km, tadina mah sakecamatan mung ayeuna ngiring ka kec Wado.
SD-na teh Lilis Dedeh (tatanggi abdi).
 
Duka kumaha nya.......
 
DS


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke