aya deui kang, cara sejen : (banyak jalan menuju Pakuan ...he..he..he)
diantarana :
- make gmail
- make fanmail
- manual forward lewat plasa.com

sakabeh cara diluhur bisa di terapkeun kanu boga email kantor, anu bisa ngirim jeung narima ti luar. (di hal lamun milis ti yahoogroup di blok ku tukang pos (email server) he..he..he...)

1. make gmail.
    - pang gampangna, nyieun account gmail (nu can boga bisa menta ka kuring. kuring boga ondangan 100 urangeun).
    - dina menu Settings -->Forward , eusikeun  email kantor urang.
    - save.

2. make fan mail
  - buka http://www.fanmail.com
  - nyieun account anyar. kari next, next, next hungkul. bari ngeusikeun email kantor urang, jeung sababaraha hiji informasi tambahan. ngacapruk ge teu nanaon :)
  - save

3. Manual forward make plasa.com
 - nyieun account email di www.plasa.com
 - ti email nu di plasa, daftar ka milis urang sunda.
 - dina jero inbox, di handap beulah katuhu aya kotak anu fungsina nga-forward atawa mindahkeun sakabeh email anu aya dina inbox ka email kantor urang.

teu langkung, bade milih anu mana.


On Apr 5, 2005 3:50 AM, E_Ruska_Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Upami email yahoo.com anu mayar hoyong haratis tiasa
> ditarekahan cobi geura tingali di alamat ieu
> http://yahoopops.sourceforge.net/
> mung teu gampil namina oge mayar janten haratis he
> he...mangga wilujeng nyobian. cara-carana upami teu
> lepat aya didinya.
>
> Mang j kencleng na parantos diupload ka server kanu
> ngajapri punten bilih teu acan ka waler nuju pakepuk
> pisan.
>
> Nuhun,
> @ERN
>
> --- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > kang friady hoyong boga pop3? Pop3 oge teu sadayana
> > mayar kang. Loba pop3 anu haratis. contona pop 3 nu
> > disadiakeun ku GMAIL, yahoo local (yahoo.com.sg,
> > yahoo.com.fr, yahoo.com.uk). Cara kuring nu make
> > pop3na gmail sareng yahoo.com.sg. Email clintna
> > nganggo outlook xpress.
> >
> > wasalam,
> > durachman
> >
> >   ----- Original Message -----
> >   From: md. friady
> >   To: [email protected]
> >   Sent: Monday, April 04, 2005 3:39 AM
> >   Subject: Re: [Urang Sunda] (kuncen #3) lucu
> > dikit--usul
> >   sanaos imel abdi haratisan, hoyong we atuh ngaggo
> > pop imel mah, ambeh teu timu jeung iklan lah janten
> > tiasa dibuka ku eudora/autluk. Sing karunya atuh
> > abdi mah cacah..... :p
> >   (nepi ka kieuna usul... emhh..)
> >
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke