Ah..mangga, kang. Kumaha akang wae lah. Ti tadi oge kuring moal rek ngiringan jejer diskusi eiu. Bade jadi penonton wungkul. Baheula oge waktu ngabahas masalah ieu asa panas ceuli mun kabeneran maca postingan nu rada mojokeun urang cirebon, atawa sebagian urang bandung mah sok nyebutnateh jawir. Hayangmah pundung baheula teh. Tapi teu jadi. Asa rugi sorangan mun pundung teh da loba elmu guening didieumah.
Mangga dilajeungkeun. Wasalam, durachman ----- Original Message ----- From: "Zamhur "PAKUSARAKAN"" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, April 05, 2005 2:12 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Urang Cirebon Parotes > > he he he.. mun kieu mah sok hayang sueri sakapeng. mah... > enya da' kabeh oge bener atuh... > nu teu bener mah tukang korupsi... jeng jalma nu tara solat > hhe he he > kieu we.. kang dur... cing ceuk pamedak kang dur ari cirebon kasup > turunan padjadjara jeng siliwangi lain? > > kitu we.. rek sunda rek hanteu bae we nya... > da' asana na mah komo di karaton kasepuhan cirebon bahasana oge sunda galuh.... > heheh kumaha tah > > baktos > > > On Apr 5, 2005 12:45 PM, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > Ari perkawis urang Kuningan bade mengpek cai ka Cirebon mah nu > > terang urang Kuningan nyalira, ngan tantosna oge jadi pertanyaan > > kunaon bet jadi kitu, padahal PAM Cirebon ti jaman walanda oge caina > > nya ti Kuningan. Salian tina faktor ekonomi, naha aya faktor sanes? > > jigana kedah dipaluruh oge sikep urang kuningan ka urang Cirebon oge > > sabalikna, sacara sosio-kultur. Kadang-kadang tindakan pamarentah > > sok mopohokeun hal nu kieu. Salami pamarentah kuat (satengah > > represif) masyarakat jiga nurut, tapi upami aya kabebasan, biasana > > hal-hal anu heubeul nu tadina kapendem, jadi kalaluar deui. > > > > Kasus sapertos urang Cirebon sareng Banten nu hayang "beda" > > sareng "Bandung", saleresna tadina tinu hal-hal nu dianggap sepele > > jeung "geus aya tidituna" tapi henteu diperhatoskeun ku "pusat". > > Sikep asa "dianak-terekeun" ku pusat (di Jawa barat mah pusat teh > > direpresentasikeun ku Bandung) mucunghul deui. Sikep asa dianak- > > terekeun ieu, paling karaos tangtosna oge kunu didaramel di Pemda nu > > dijaman samemeh reformasi diatur ku provinsi. Matak ceuk kuring mah > > teu aneh lamun padamel Pemda gaduh sikep jiga Abidin Aslich, komo > > anjeunna mah padamel Dinas Kabudayaan, anu mungkin wae gaduh > > kareueus kana budaya asal anjeunna, nu kurang diperhatoskeun ku > > pusat (matak ku kuring disebut "frustasi"). Jadi kuring bisa ngarti > > kunaon Abidin Aslich boga pamandegan kieu jeung teu bisa nyalahkeun > > da memang ieu teh akibat sistem anu sentralistik tea, kudu sagala ti > > pusat. Ngan kuring manghanjalkeun sakali deui, pamandegan manehna > > dicampur-adukeun jeung sajarah, saolah-olah Cirebon teh boga sajarah > > anu henteu pakuat-kait jeung sajarah urang Sunda (ceuk kuring mah > > arogan, sabab manehna miceun sawareh fakta anu aya, bakating ku > > embung disebut aya pakuat-kaitna jeung sajarah Sunda), manehna ukur > > nyaritakeun cirebon ti mimiti abad ka 15, henteu disebutkeun Cirebon > > teh tadina palabuhan nagara pajajaran. Aya catetan perjalanan urang > > Protugis anu nulis ieu. > > > > Tah kitu panginten Kang Dur. Tapi ari keur kuring mah, mangga teh > > teuing upami Abidin Aslich alim disebat urang Sunda mah ........ > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > --- In [email protected], "durahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Sayah, urang cirebon, moal rek pipiluen, ah. Rek ningali wa jelma- > > jelma keur > > > 'parebut bebeneran'. Mangga dilajeungkeun. Ieu jigana diskusi > > cirebon-sunda > > > jilid dua di milist ieu. Nuduh tatanga kuring Abidin Alsich jalma > > prustasi > > > (meski ditambah embel2 meureun)?? Ah, keun wae. Tiap jelma boga > > hak pikeun > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

