|
Toen-Djie
" Apana ?"
" Aya naon ibuna ?"
" Teu karasa geuning ngarumahtangga teh
geus lima taun lilana !"
" Heueuh ibuna,padahal asa kamari
dirapalan dihareupeun lebe teh !"
" Enya abdi ge asa ngongkolak keneh waktu
urang silih huapan sabada dirapalan!"
" Aeh...asa jempling teuing nya kamarana
barudak ?"
" Tuh...lima-limana geus ngagaluher sarare
!"
" Ssstt...tong tarik teuing nyebut limana
era, mun keur sarare mah aman atuh ibuna !"
" Ah si apa mah meni euweuh kabosen
!"
" Tuh nya sok srog kadinya, maksud bapa
teh ari geus sare mah meh teu kaganggu ku barudak ngobrolna !"
" Enya apana, rumah tangga karek lima taun
anak geus lima, kumaha mun sapuluh taun !"
" Heueuh si Duloh mah mani pok pisan
nyebut tun-ji,sataun hiji, kawas ucing wae,ngaderehdel !"
" Nu kitu tea mah apana, bet der nyieun
program pengiritan, cocolok tipi ge meuni tega diteukteuk atuh unggal sore
teh teu bisa hiburan, nya minangka hiburan teh gapruk deui gapruk deui ka abdi
!"
" Geus ah ibuna, naha daek anak
disaeutikan tapi pamajikan dilobaan ?"
" Huz...dasar lalaki...cua !"
" Tong kitu ibuna, jeung etah leungeun
meuni dipeureup-peureupkeun sagala !"
" Enya apana, abdi teh sabenerna mah geus
bosen ngajuru teh, bayangkeun mun lima-lima disesar meureun beuteung abdi teh
geus raca tapak operasi !"
" Heueuh mun kitu mah bener ceuk si Duloh
kawas ucing, coba geus ngadenge aya ucing ngajuru disesar ?"
" Puguh abdi ge basa
niat dikabe, jero hate asa hayang nanya naha aya ucing dikabe? matak teu
jadi-jadi,nya antukna make sistim kabe kalender, ngan edas pahili jeung
kalender heubeul, akibatna ngaderehdel kawas ucing !"
" Tapi ibuna, anak teh pan asset keluarga,
komo anak urang mah lima-limana awewe, gareulis deuih!"
" Geulis soteh nurun kaabdi, coba mun
nurun ka apa. Bencana !"
" Bapamah geus dibayangkeun we, meureun
jaga teh mun malem minggu nu apel teh ngantri,nu saurang mawa martabak, nu
saurang ngajingjing bakakak, nu saurang samsu filter saselop, nu saurang deui
ngusiwelkeun amplop, ah bagja !"
" Ari tempat apel dimana, apana
?"
" Apan dipipir imah aya kebon lega,urang
jieun taman jang bobogohan anak urang meh teu jauh ti imah,ditiap pojok
dipasang kamera sensor anu dihubungkeun ka monitor kajero imah, mun aya nu
macem-macem tinggal ngadehem wae, pan beres !"
" Enya ngomong mah gampang...alah
ieuh, jadi lalieur jeung sarebel kieu ieu teh!"
" Maenya ibuna...nyiram deui kitu
?"
" Kamari abdi tas dikontrol deui
!"
" Hasilna ?"
" Positip tilu bulan !"
" Terus...terus...!"
" Tos katangen, sihoreng kembar tilu
!"
" Teus...terus...!"
" Awewe kabeh !"
" Duh mangkaning nu pangleutikna ge can
ngorondang ngorondang acan,dasar sibujur ucingeun !" (SR)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Toen-Djie syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Toen-Djie Jatigede
- Re: [Urang Sunda] Toen-Djie syam ridwan

