Assalamu'alaikum wr. wb.
Punten ngiringan bari jeung rada telat oge ditambah
mungkin pamendak sim kuring nu rada beda + para wargi
sadaya. Mugia para wargi sadaya henteu janten bendu.
Sim kuring can maca postingan ti Bah Willy (punten bah
Willy kabujeng kahapus), tapi dumasar kana pamendak
Kang Yaya + Kang Yudi, jiga para wargi sadaya sapuk ka
rencana "lokalisasi" Judi + Palacuran anu kedahna
diatur ku pamarentah, nyonto kana kawijakan nu
dilakukeun ku Malaysia.
Pertimbangan sapukna diayakeun "lokalisasi" tadi ku
Kang Yaya diuningakeun kumargi soal judi + palacuran
moal bisa "diberantas" + pasti moal leungit. 
-Upami dumasar kana moal bisa diberantasna 2 hal tadi,
jadi patarosan pikeun sim kuring, kumaha soal
kajahatan + korupsi naha naha satuju dilokalisasi pan 
2 hal nu pandeuri eta oge ceuk sim kuring mah sami
moal bisa diberantas tug dugikeun ka kiamat oge.
- Judi + palacuran saupamina diayakeun lokalisasi,
pasti bakal tetep aya judi + palacuran liar di luar
daerah lokalisasi. Jadi lokalisasi moal mereskeun
masalah. Bisa jadi para pamaenna tambah motah jeung
menta tambah; kitu deui ku ayana lokalisasi bisa bae 
Allah jadi bendu.
- Upami nyonto ka nagara tatangga, Malaysia; kumaha
upami kajadiannana aya di lingkungan kulawarga
nyalira, misalna tatangga urang mere idin ka istrina
pikeun milu judi di daerah lokalisasi, naha urang rek
nurutan mere idin judi jiga tatangga eta ? Pasti moal.
Ceuk sim kuring mah upami urang rek nyonto batur boh
dina naon bae, kudu dina soal kahadean, sedengkeun
mere idin judi mah lain kaasup dina soal kahadean,
jadi teu kudu diturutan atawa diconto.
- Tina pertimbangan di luhur, ceuk sim kuring mah
langkung sae ngamalkeun 3 M sapertos anu diuningakeun
ku AA GYM tea. Lamun bisa mah 3 M eta teh ditepakeun
ka Batur Sakasur, terus Batur Sasumur + Batur
Salembur. Ah eta cenah batur loba keneh nu ngalakukeun
nu teu bener jeung teu bisa digeuingkan, keun wae da
jangeunnana, nu penting diri sorangan teu ngalakukeun
+ ulah nurutan nu teu patut. Nu geus kaliwat bisa
ditungtungan ku tobat.

Wassalam
Baktos nu humandeuar
Jaka

 
--- yud! <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Punten Kang Oman sareng sadayana, sanes bade
> manjangkeun, tapi bade ngagunakuen hak waler, ngarah
> imbang 2-2 hehehe...  
>  
> Kang Yaya sareng Bah Willy, saleresna mah inti
> postingan abdi kamari teh sanes perkawis
> halal/haramna legalisasi sareng dampak ekonomi vs
> sosialna. Mung upami MISALNA DILEGALKEUN, kumaha
> sikep urang (masyarakat) utamana pamarentah ka
> saderek2 urang nu muslim: naha diantep, naha
> dihimbau (sapertos usul Kang Yaya pikeun masang
> spanduk tea), naha dicaram (alias legalisasina teh
> kanggo nonmuslim wungkul)? Naha kumaha?
>  
> Patarosan ieu teh pakait sareng wajibna amar ma'ruf
> nahi munkar (AMNM), kieu: naha AMNM teh perlu
> diformalkeun ku pamarentah dina bentuk legislasi
> (ieu panginten kebaikan yang terorganisasi Kang
> Oman?), atawa diserahkeun ka individu tea? Kapaur
> badi upami ku urang diantepkeun, aya anceman yen mun
> hiji kaum ngantepkeun (teu nyaram) hiji maksiat nu
> aya di kaum eta, Allah SWT bakal nurunkeun adzab ka
> kaum eta di dunya ieu nu teu diwiji-wiji nu soleh
> atawa nu teu soleh, alias nu judi jeung nu teu judi
> keuna. Keun we da di aherat mah nafsi2. 
>  
> Janten sapuk lah aya untungna legalisasi judi teh.
> Mung salangkah kapayun, naha peryogi pamarentah
> ngadamel suprastruktur peraturan keur palakuna oge.
> Misalna ieu mah: pikeun mulsim tetep haram; atawa
> MISALNA muslim meunang judi asal geus boga
> panghasilan sabulan minimal 10 juta; atawa khusus
> muslim nu hayang judi maksimun judi 20% tina gaji.
> Janten salian dilegalisasi, aya oge perangkat hukum
> pikeun mere koridor (sakaligus ngajamin)  hak tiap
> individu pikeun milih. Koridor ieu diperlukeun
> pikeun ngaminimalkeun dampak sosial tina tindakana
> muslim nu resep judi tea. 
>  
> Kaduana, naha kedah ngangge cara kontroversial siga
> kieu pikeun 15Trilyun sataun? Indonesia tiap taun
> bayar bayar bunga hutang LN 90Trilyun. Saha nu
> "menikmati"? duka tah tapi nu kudu bayar mah
> rahayat! Taun kamari Argentina sukses menta dihapus
> hutangna Rp600Trilyun, presidena meni ngagontawang:
> "Kami geus teu bisa mayar hutang, sayah teu hayang
> meres rahayat kula pikeun mayar ka anjeun (IMF &
> WorldBank) nu geus nyata2 sugih!". 
>  
> Kunaon Indonesia teu merjuangkeun menta dihapus
> hutang tibatan neang nu kontroversial? Pan urang teh
> hiji2na bangsa nu can kaluar tina krisis 97, na
> geuninga malah mandar LSM eropa (EURODAB) nu ribut
> menta dihapuskeun hutang urang. Ari urang Indonesia
> malah cicing2 we! Bayangkeun 90Trilyun per taun
> pikeun bayar bunga wungkul..... 
>  
> Pamungkas, punten sakedik ka Kang Yaya: "..ameh
> beres lumpat tina pasualan, jeung katempona alim,
> soleh, moralis, jeung agamis, wios munafik  ge...da
> sedep!!!" santey we kang, teu peryogi nyerang
> kualitas personal da ieu mah da diskusi sanes debat
> kusir. Sareng saha nu tiasa nganilai hate batur?
> boa2 leres batur nu teu panuju kana legalisasi teh
> (enya PKS tea) boga alesan ilmiahna? Nu dituduh can
> tangtu munafik, nu nuduh geus keuna hiji kagorengan,
> lebar Kang. 
>  
> Mangga lajengkeun da ieu mah panutup, punten bilih
> aya nu kirang sae dina ucap sareng kecap. 
>  
> Baktos, Yudi  
> --- In [email protected], Rukayadi Yaya
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Sapuk kang Waluya, kuring sapamadegan...
> > 
> > Moal bisa urang ngomong kieu ka bangsa sejen:"..di
> nagara kami mah euweuh lacur, euweuh judi, sabab
> dilarang ku pamarentah jeung agama....". Ceuk
> saha?..omsetna lewih badag batan dinagara nu
> dilegalkeun deuleu!!! di Malaysia diatur pamarentah,
> omsetna leuwih leutik batan di Indonesia yang agamis
> dan moralis sekaligus koruptorrisss.
> > 
> > Tong tong kukulutus siah mun jelema nu loba duit
> ngamonyah-monyah duitna di X-mas island, di Bukit
> Genteng, di Thailand, tong kukulutus siah mun duit
> urang diangkutan kanagara sejen....bongan sorangan
> teu dibere tempat jeung jalan di nagarana....karunya
> nya duit urang sumebar di batur....di urang mah
> mangga bae nyetakan artos...sanes ngahasilkeun atawa
> muterkeun artos.
> > 
> > Judi-lacur, goreng siah deuleu....tapi diantara nu
> goreng teh aya nu mending sanajan tetep goreng. Da
> geus puguh teu bisa dilarang, tong boroning ku
> nagara (ku manusa), geuningan dilarang ku Allah ge
> anger bae. Lacur, liar (teu dilokalisisi), teu di
> kontrol, teu unggal 3 bulan di cek awewe nu icalan
> "software" na, tong gegelendeng siah mun aids,
> gonorhoo, jeung sajabana sumebar teu katangen teu
> kapalire, tong gegelendeng siah mun diantara
> kulawarga anjeun kakeunanaan...bongan teu dikontrol
> teu dilokalisasi..geus puguh lacur teh teu bisa
> dilarang.  Judi, beu judi, hese deuleu, nyeta atuh
> mun teu disengker lewih awut-awutan dampak
> sosialnateh, nya kedah nyadar atuh hese diwagelna,
> kusabab hese diwagel  nya kedah diwadahan sangkan
> teu nerekab, da geus puguh moal tiasa dihulag.
> > 
> > Lacur jeung Judi teh siah duduluran jeung narkoba,
> mahabu siah narkoba di urang teh, tah kumargi judi
> sareng lacur teu duurus-teu dilokasir...nerekab siah
> deuleu narkoba teh....cik barenta atuh..ulah api-api
> teu nenjo euweuh lacur-euweuh judi nu duanana
> mangrupakeun sayang narkoba, cobi mun tempatna
> diatur diawasi, dititenan, diparios....sahanteuna
> bisa  katangen tah dampak teh......teu kaharti nya
> omongan uing??? hese nya??? enya hese...nu mawi
> mending nyebat teu satuju kana lokalisir jeung
> legalisir judi teh nya .... ameh beres lumpat tina
> pasualan, jeung katempona alim, soleh, moralis,
> jeung agamis, wios munafik  ge...da sedep!!!
> > 
> > Sanajan aya di Arab, nu goreng mah goreng, ningan
> loba TKW diperkosa, sanajan aya di Holywood tempat
> Bo Derek ngadengkakeun pingpingna, geuningan aya
> keneh nu alus buktina loba artis Holywood nu marere
> duit ka korban Aceh. Tah kitu oge, dipasantren ge
> sok aya nu goreng,atuh kitu deui di lokalisasi sok
> aya nu alus sanajan saeutik.
> > 
> > Lokalisasi jeung legalisir judi teh maksudna keur
> nyengker meh teu nerekap, meh kaatur sangkan ulah
> siga kanker nerekab kamana-mana. Enya
> goreng...goreng pisan uing ge satuju pisan...ngan
> nyaeta teu bisa dilarang teu bisa
> disingsieunan...mendingan disengker-diwadahan
> sangkan dampak sosialna katangen......
> > 
> > Mun teu kop ku ilaing halangan...ningan fatwa ge
> teu bisa ngahalangan.....
> > 
> > ah enggeus..ah....
> > 
> > KangYa
> > Tungtung Seoul 
> 
> 
> --------
> Yudi, 
> engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang
> terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula
> sebagian darimu [Hasan al Bashri]
> <http://irmawan.tk>
> 
> 
> 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Yahoo! Small Business - Try our new resources site!




                
__________________________________ 
Yahoo! Messenger 
Show us what our next emoticon should look like. Join the fun. 
http://www.advision.webevents.yahoo.com/emoticontest


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke