Padungdengan "urang Cirebon Protes", ceuk kuring mah aya kakaliruan anu mendasar.
Kahiji, naon anu tumiba ka wewengkon Banten jadi hiji propinsi, alesan utamana mah masalah ekonomi jeung ngokolakeun Sumberdaya alam jeung sumberdaya duit. Heunteu relevan ngajukeun alesan kusabab beda etnis, adat-istiadat jeung budaya. Kadua, kitu oge soal cirebon, sigana teu beda jauh jeung Banten. Siga anu dipedar ku Bah Willy, enya meureun ngarasa "dianak terekeun" ku anu "kawasa" di Bandung.Tapi naha ku alatan kitu, jadi alesan utama rek misahkeun maneh? Katilu, salah "mempersepsikeun" otonomi daerah, lamun misahkeun maneh ti propinsi indungna, berarti misahkeun maneh oge dina hal sajarah, budaya, etnisitas. Pokona kudu beda wae lah. Sikep jeung pandangan anu salah kitu teh diantep wae, dianggapna bener, jadi wae hiji kanyataan kuat pikeun misahkeun maneh. baktos, mrachmatrawyani --- Asep Salmon <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punen ah ngiring mairan.................. > Ari rarasaan kuring mah; ngarana bisa ganti, kawarga > nagaraan bisa ganti, > agama bisa ganti, kulit bisa ganti (jiga michael > jackson), malahan beungeut > ge bisa ganti ku jalan operasi plastik. Cindekna mah > ampir sagala identitas > nu aya diurang bisa diganti, kecuali hiji nyaeta > Suku Bangsa. Lantaran ceuk > beja ari kasukuan mah pakaitna jeung gerentes hate > atawa hate leutik anu > pasipatanana jujur. Contona Nabi Muhammad saw, > sangkilang jaman harita suku > quraisy teh loba pisan kagorenganana kaasup tapi > Nabi tetep ngaku suku > quraisy. Loba urang jawa nu ngewa ka Pak Harto tapi > taya nu bisa mecat > anjeuna tina kajawaanana, loba urang sunda nu sebel > ka ali sadikin lantaran > ngagugulukeun judi tapi taya nu bisa mecat anjeuna > tina kasundaanana. > Kukituna kuring mah kacida ngahargaanana mun aya > urang cirebon atawa urang > medan atawa urang makasar atawa urang mana wae oge, > nu ngaku yen ajeuna > urang sunda, sabab kuring yakin yen nu kaluar tina > gerentes hate anjeuna teh > rasa urang sunda jeung kasundaan. > > > Baktos, > AS __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

