Ieu salinan ti majalah Cupumanik oge tina webna. surat ti Pa Ajip Rosidi, pamingpun umum majalah Cupumanik
------------- Sapertos nu tos sering dicarioskeun ku para inohong Sunda, ayeuna beuki seueur urang Sunda anu henteu terang kana kasundaan, kana budayana, kana sajarahna, dalah kana basana deuih. Kamampuh nyarita sareng nyerat dina basa Sunda beuki ngurangan�komo deui di kalangan nu aranom sareng barudak. Upami basa Sunda henteu digunakeun deui ku urang Sunda, tangtu baris carem. Ayeuna basa Sunda aya dina antrian kl. 3.000 rupa basa anu baris ilang sirna ti dunya dina ahir abad ka-21. Upami basa Sunda sirna ti dunya, atuh hartosna s�l�r Sunda og� moal aya deui di kieuna, da ciri utama s�l�r Sunda t�h apan sapopo�na ngagunakeun basa Sunda. Salah sawios sabab leungitna kamampuh ngagunakeun basa Sunda sapopo� t�h nya�ta kurangna, malah henteu ayana, bahan bacaan anu bisa dijadikeun conto. Dina mangsa sam�m�h perang, pamar�ntah Hindia Walanda nyayagikeun buku-buku basa Sunda (kitu deui basa da�rah s�j�nna) di perpustakaan-perpustakaan anu diadegkeun di saban sakola, boh Sakola D�sa, Sakola Kelas II, Sakola Guru (NS), jll. Barudak dibiasakeun sina maca sarta nyaritakeun deui anu dibacana di hareupeun kelas. Tapi ayeuna mah umumna di sakola henteu aya perpustakaan, dina ayana langka pisan anu kol�ksina dieusian ku buku atawa majalah dina basa da�rah, sabab buku katut majalah basa da�rahna g� kurang pisan jumlahna. Yayasan Kabudayaan Rancag� medalkeun majalah Cupumanik kalawan maksud milu nyayagikeun kasempetan ka urang Sunda umumna, pangpangna ka para guru katut murid sakola boh SD, SMP atawa SMU jst., sangkan ngabiasakeun maca katut ngagunakeun basa Sunda, bari wawanohan kana budaya Sunda, sajarah Sunda, tokoh Sunda, jll. Tapi hal �ta t�h moal bisa laksana upama henteu dirojong ku sar�r�a, margi sapertos kauninga para guru kitu deui murid-murid umumna�pangpangna anu di pilemburan� henteu mampuheun ngalanggan atawa m�s�r buku atawa majalah. Numawi pamedal Cupumanik ngayakeun gerakan manglang-ganankeun majalah Cupumanik ka para Bapa/Ibu anu kagungan katineung ka sakola-sakola tilas kapungkur Bapa/Ibu kantos tolab �lmu�atanapi ka sakola san�sna anu ku Bapa/Ibu dianggap peryogi dipanglangganankeun majalah Cupumanik boh SD, SMP, SMU atanapi san�sna. Manglangganankeunana paling henteu 5 �ks satauneun, nu ageungna mung Rp 240.000,-ditambih ongkos kirim. Majalah baris dikintun saban medal ka sakola anu dipilih ku Bapa/Ibu, ditambih ku sa�ksemplar anu dikintunkeun ka alamat Bapa/Ibu. Jadi upami manglangganankeun 5 �ks, hartosna k�nging 6 �ks. Tangtos ba� Bapa/Ibu tiasa manglangganankeun langkung ti kangg� hiji sakola, kitu deui jumlah �ksemplarna kangg� saban sakola, henteu kedah mung 5 �ks. Dina formulir anu kedah diwangsulkeun sabada dieusian aya daftar anu ku Bapa/Ibu tiasa dipilih. Mudah-mudahan ieu usaha nu tiasa jadi salah sahiji jalan kanggo ngahirup-ngahuripkeun deui basa Sunda sareng ngawanohkeun urang Sunda ka diri sareng budayana t�h baris k�nging panampi sareng pangrojong anu positif ti Bapa/Ibu sareng k�nging rido ti Allah SWT. Hatur nuhun sateuacan sareng saparantosna�salamina. Wassalam, Ajip Rosidi Salajengna, perkawis itu ieuna, tiasa di klik situs Cupumanik dihandap: http://www.cupumanik.com/langgan/gerakan.htm mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

