Enya, urang Cirebon. Istilah di imah kuringmah etateh Tukang Rongsok 
(jalma nu sok neangan barang-barang bekas nu bisa di daur ulang 
sarupaning beusi , aluminium , plastik, kardus, jrrd. Cara neanganana 
teh beda-beda. Aya nu nengan ka unggul-unggal paruntahan aya oge nu make 
cara barter jiga nu dicaritekun ku akang (nu cara barter oge kadang sok 
neangan ka kebon-kebon/paruntahan).

Nu make bartermah biasana ibu-ibu. Umurna biasan 40 kaluhur. Dibarter ku 
aromanis, gulali, atawa borondong. Jadi mun anjuena geus asup kampung 
teh biasana sok nawar-nawarkeun, "Rongsooook!! Rongsoook!! Barterna 
biasana make plastik sendal jepit, ember nu geus peupeus, panci nu 
renghat/bocor, kardus urut tivi, jrrd.

Bebeunanganana biasana disimpen dina karung plastik gede. Kadang oge di 
simpin di dingkul gede. Dingkulna disuhun sementara karungna di gandong. 
Mun jarak jauh dingkul jeung karungnateh ditaekeun ka angkutan umum 
(bus, angkot, jrrd).

Tah kitu dongengna. Kuring teu nyangka yen tukang rosok etateh geuning 
bisa anjog ka sumedang. Sugan teh kukurilingan wae di wewengkon cirebon. 
Hebat guningnya 'etos kerjana'.


Jatigede wrote:

>Nuju abdi keur leutik sok aya tukang Lauk Asin (Urang
>Cirebon biasana mah),mun datang teh ribut nareangan
>jejepit sendal capit, plastik (ember,baskom jrr)
>sabangsaning plastik(tapi lain keresek)ka kebon kebon.
>ditukeurkeun jeung Aromanis,lauk asin,
>Borondong,kurupuk asin warna warni. 
>  
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke