--- joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Kan Kan Dur, Kang Hasan + Kang ManAr, punten pisan
> sanes maksad hayam mapatahan ngojay ka meri.
> Saleresna abdi hormat pisan ka saderek sadaya anu 
> luhung elmuna kalayan parantos kersa narjamahkeun al

> Quran, abdi mah nga saukur jiga kieu.
 
Kang Joko, hatur nuhun kana koreksina. Eta pisan puguh
nu diarep-arep teh, saran, koreksi, panggeuing jeung
sajabana. Kuring sacara pribadi ngarasa teu acan payus
upama dijulukan "luhung elmuna" sagala rupa. Aya nu
perlu didongengkeun sakedik perkara ieu garapan. Kieu
dongengna teh: paniatan ngagarap TQBS teu pisan-pisan
didasaran ku rasa luhung elmu pangaweruh, jembar ku
panalar. Saenyana ngagarap TQBS teh diniatan pikeun
tarbiyah husus keur pribadi nu ngagarap, umumna mah
sugan aya oge gunana keur balarea. Kulantaran dasarna
kitu, nya milih tarjamahan DEPAG nu ditulis dina basa
Indonesia, teu langsung tina Al-Quran nu make basa
Arab, sabab nyaeta teu acan kagungan bekelna tea. 

Upama ku kuring didadarkeun tujuanna kieu: kahiji,
pikeun ngaderes maca Quran. Kadua, pikeun ngaderes
diajar basa Sunda. Katilu, pikeun nyimpen pitapak,
ngarah naon anu kungsi dipigawe teh aya
bungkeuleukanna. Kaopatna, ngawangun media komunikasi
antara sasama urang Sunda. Seueur deui tujuan sejenna,
misalna upama ditoong dina jihad sejen, neuleuman cara
migunakeun teknologi IT pikeun ngarojong ngawangkong
perkara budaya.

Ieu garapan teh ceuk sawangan kuring, bakal ngaliwatan
tahapan-tahapan jiga kieu: tahap kahiji, narjamahkeun
tina basa Indonesia ka basa Sunda (draft 1); tahap
kadua, madungdengkeun hasil tarjamahan di milis (draft
2); tahap katilu seja menta pangropea ti ahli basa
jeung budaya Sunda (draft 3); tahap kaopat, sejak
menta pangropea ti ahli basa jeung elmu Al-Qur'an. 

Upama ninggal pedaran di luhur, apan urang teh bakal
loba bahan piobroleun di milis. Kumargi kitu, kuring
umajak ka balarea pikeun ulubiung kana ieu garapan.
Tangtu kakurangan jeung kasalahan dina mangsa
narjamahkeun baris aya. Upami Kang Joko, oge baraya
sanesna bade ulubiung mangga pilari di situs ieu aya
daftar garapan nu tiasa dipidamel:

http://free.angeltowns.com/studio579/alquran/

Salam,
MH


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Make Yahoo! your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke