Bagea Kang Dudi, oge baraya sadayana,
Satadina mah moal buru-buru ngiberan naon rupa unak-anik ngeunaan Yayasan Sawalabumi (YSB), kalebet visi, misi jeung wewengkon garapanana. Teu aya sanes, jalaran nembe borojol pisan YSB teh, isin teu acan ngagaduhan karya sakedik oge alias nembe maksud jeung paniatan. Namung, saparantos diemutan deui, kaimpleng heunteu aya lepatna, malih tiasa janten aya saena, upami dina sasih-sasih munggaran babar teh YSB oge ngabewarakeun kalahiranana, etang-etang iber syukuran kalahiran.
YSB teh nembe ngadeg katompernakeun taun 2004 numutkeun akte notaris mah. Namung, ari rarangkay, kalebet babadamian sareng sasayogian nyusun "perencanaan stratejik"(PS)-na mah tos aya sataunna langkung. Nya dina lebet PS YSB ieu aya ngaringkel visi sareng misi YSB tur garapan-garapan anu dipayunkeunana dumasar udagan visi sareng misina tea. Kalebet program taun ieu nya ngaropea PS YSB sangkan leuwih seukeut sareng nyata cara ngukur akuntabilitasna.
YSB diadegkeun ku sababaraha kalangan aktivis kabudayaan anu ngawengku sadaya unsur budaya, diantawisna: religi-ajen inajen hirup, atikan, teknologi, basa, kasenian, sajarah, lingkungan hirup anu visina sami, nyaeta gawe bareng (sawala) ti sakabeh unsur kahirupan pikeun mulasara lingkungan (bumi urang). Ringkesna: sawala dina mateakeun (memberdayakan; empowerment) kabudayaan (ngawengku unsur-unsurna sagemblengna) pikeun mulasara lingkungan. Nya eta minangka visi YSB teh.
Upama ditimbang taraju tina 3 ajen-inajen mataholang kabudayaan Tatar Sunda, sigana wewengkon garapan YSB teh aya dina ajen-inajen poko anu katilu, nyaeta mulasara Kabuyutan tea kalawan mateakeun sagemblengna unsur-unsur kabudayaan anu aya. Leres, sakumaha maksud Kabuyutan anu jembar, nya wewengkon garapan YSB teh ngawengku taneuh boh sareng sagala rupin, boh anu di luhureunana atawa di lebetna (ceuk sakaol: widang agraria anu jembar). Ngeunaan anu 9, mugia Kang Dudi tiasa ngaguar langkung paos, rumaos si kuring teu acan dugi ka dinya.
YSB diadegkeun ku sababaraha inohong anu manukna dina widang kabudayaan sareng lingkungan hirup. Diantarana: Prof. Kusnaka Adimihardja, Prof. Mubiar Purwasasmita, Drs. R. H. Hidayat Suryalaga, Ir. Oca Mintareja (Kang Oca), sareng nu sanesna. Si kuring sorangan anu lain manukna dina widang naon bae oge, siga lauk buruk milu mijah, kaparengkeun ngiring ngabidanan kalahiranana.
Anapon anu ngurus sapopoena (pangurus samentara sateuacan ditetepkeun) nya dulur-dulur urang ti sababaraha organisasi kasundaan. Diantawisna, rengrengan anu ti payun kantos gawe bareng dina bungkusan komunitas sundanet.com dina garapan "Sosialisasi Tata Ruang DAS Citarum Hulu Pendekatan Budaya", singketna: "Sosialisasi Kabuyutan Citarum" tea (Ir. Yustiaji saparakanca).
Rupina sakitu heula guaran perkawis YSB, bilih nyontang teuing tempat. Kapayun, manawi pareng, urang teraskeun deui kana guaran misi sareng program-programna (PS-na tea).
Cag.
Baktosna,
manAR
On Apr 6, 2005 4:26 PM, dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Kang Oman,sim kuring mah sanes bade ngabantos Gmail da teu ngartos, tapi bade tumaros perkawis yayasan eta "Yayasan SAWALABUMI" (sawala = badanten, diskusi; Bumi = taneh, lemah, imah, dunya, geo, anu mana?) ngawengku dugi kamana? umum atanapi khusus geologi wungkul? raraosan mah pihatoseunana teh "ngokolakeun taneh/lemah dugi ka jero-jerona (eusi-eusina) tea, eta mah kalebet salah sawios tina anu 9 (salapan) tea, Kang!? angka 9 (salapan) nyoko kana salapan wawakil tea.Wassalam,dudi_ssKomunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

