Kang Na, website jawapalace mah seueuer ngarefer ka babad-babad produk karaton, janten saka.....nu boga carita. Mangga oge surf ka web kabupaten2 di Jateng/Jatim geura mun nyutat sajarah kotana teh bau-bau saka..oge. Saleresna ti kapungkur hayang mere asupan ka jawapalace teh sabab sigana rek dijadikeun corong persatuan keraton2 nusantara. Tapi saprak Kasunanan Surakarta jeung Kanoman Cirebon aya dua rajana, terus Kasultanan Yogya mulai goyah ku ayana Otda, plus turunan Banten teu panuju kasultanan Banten dihirupkeun deui nya geuning simana pudar. Katingalna saprak Otda urang jawa ge teu ngajadikeun Yogya/Solo jadi puseur referensi kajawen, komo saprak SBY naek mah rarasaanana puseurna teh aya di Pacitan!! Ceuk kuring mah  pamorna jawapalace teh milu turun.
 
Ngan aya hiji palajaran nu penting ti jawapalace, dina sawatara mangsa manehna jadi referensi "jawa" kulantaran (1) aya edisi basa Inggrisna; (2) dipiara, diupdate terus; (3) tampilanana lengkep jeung nyeni. Asana urang kudu diajar/nyonto ti jawapalace (tangtosna oge merhetangkeun waragadna).
 
jalakpakuan
 
 
 
 

nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Keur "browsing" teu ngahaja manggihan ieu :
 

Tersebut Sri Saginda Kertanagara membinasakan perusuh, penjahat
Bernama Cayaraja, musnah pada tahun Sake naga mengalahkan bulan (1192)
Tahun Saka naga bermuka rupa (1197) beginda menyuruh tundukkan Melayu
Berharap Melayu takut kedewaan beliau, tunduk begitu sahaja

 

1.    Tahun Saka janma sunyi surya (1202) Baginda raja memberantas penjahat
Mahisa Rangga, karena jahat tingkahnya dibenci seluruh negara
Tahun Saka badan langit surya (1206) mengirim utusan menghancurkan Bali
Setelah kalah rajanya menghadap Baginda sebagai orang tawanan 

2.    Begitulah dari empat jurusan orang lari berlindung di bawah Beginda
Seluruh Pahang, segenap Melayu tunduk menekur di hadapan beliau
Seluruh Gurun, segenap Bakulapura lari mencari perlindungan
Sunda Madura tak perlu dikatakan, sebab sudah terang setanah Jawa 

di www.jawapalace.org/babad

kuring hayang nanya ka urang sunda sadayana, naha bener kitu karajaan Sunda kungsi dikawasa ku Singhasari? lamun enya bener dina jaman raja saha?


Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke